Carnyam Putri Anjungsari (69), Di Sumedanglarang Dibageakeun ku Opat Kandaga Lante Pajajaran

28 Maret 2023, 03:00 WIB
Putri /Budi Riyanto/Galura

ANU digero paman ku Putri Anjungsari rengkuh. Inyana teh nu mapagkeun Putri Anjungsari di jalan nu kenca katuhuna dapuran haur gereng. Bena jeung Rait kerung, maling-maling neuteup nu disebut paman ku Putri Anjungsari. Hatena galecok saha eta lalaki leutik tapi awakna ngareusi, seseg jeung cangker teh.

“Paman, dia geus lila tepi ka Sumedanglarang,” ceuk Putri Anjungsari bari neuteup eta lalaki.

“Acan pati lila,” tembal eta lalaki. “Urang Sumedanglarang ngabageakeun pisan ka kami. Kami dijeujeuhkeun, jeung diperenahkeun.”

“Bagja,” ceuk Putri Anjungsari. “Kumaha di jalan?

“Taya halangan nanaeun.”

“Anu ku Paman dibawa geus dipasrahkeun?”

“Memeh miang kami gempungan jeung Prabu. Kami nepikeun kamandang, ku Prabu disaluyuan,” tembal eta lalaki.

“Kami oge mangmang mun eta barang dibikeun teh. Sumedang­larang pan....?” ceuk Putri Anjungsari teu kebat. “Batur Paman nu tiluan weruheun?”

“Nu tiluan mah kumaha kami,” ceuk eta lalaki deui bari ngareret ka nu tiluan. 

Putri Anjungsari seuri leutik bari neuteup ka nu tiuan. Anu tiluan rarengkuh, teu wanieun paadu teuteup jeung Putri Anjungsari.

“Urang ditepungkeun deui, tapi....,” ceuk Putri Anjungsari teu kebat.

“Papasten ti Nu Maha Kawasa, Putri,” ceuk "paman".

Putri Anjungsari ngaraga meneng. Kitu deui nu sejen. Kabeh kabawa palid ku  perasaanana sewang-sewangan, ngan kabeh oge museur ka Pakuan Pajajaran nu meh satengah abad nanjeur, ayeuna kari ngadagoan waktu runtag.

"Ari ieu omah saha?" ceuk Putri Anjungsari sanggeus sajongjongan taya nu nyarita.

“Tong hariwang, omah balad kami. Kami mindeng sare di dieu. Basa ngadenge iber ti kulon bakal aya nu ngaliwat ka dieu, jajalaneun ku kami ditalingakeun pisan.”

“Matur nuwun. Kami reugreug,” ceuk Putri Anjungsari. 

“Urang wetan, urang kaler moal wanieun ngaganggu ka wewengkon Sumedanglarang. Arapaleun saha ari bapana perebu Sumedanglarang,” ceuk eta lalaki bari angger tungkul teu wanieun neuteup ka Putri Anjungsari. “Geus peuting, bisi rek reureuh jeung bisi lapar. Di patengahan geus disadiakeun kadaharan. Sare mah di pangkeng.”

Ti lawang panto tepas nu nyambung ka patengahan saurang awewe tengah tuwuh ngelol.

“Yap, asup, ku kami di baturan,” pokna ditujukeun ka Putri Anjungsari.

Putri Anjungsari cengkat.

“Paman, kami ka patengahan,” ceuk Putri Anjungsari.

Anu disebut paman unggeuk.

“Daria mah sare di dieu, dibaturan ku kami,” ceuk eta lalaki ka Bena jeung ka Rait sanggeus Putri Anjungsari ka patengahan.

“Kami mah tugur, Paman,” tembal Bena nurutan Putri Anjungsari ngapamankeun.

“Hade. Tapi bagilir jeung batur dia, bisi mopo,” ceuk eta lalaki deui. “Kumaha kaayaan di kulon?”

“Kami lunta oge geus bisa kajudi ku Paman,” tembal Bena.

“Kami lunta ti Kulon saenyana mah wegah pisan. Tapi dalah dikumaha parentah perebu, jeung keur nyalametkeun lambang karajaan. Sugan wae ku rundayanana kapimilik deui, nyangking kalungguhan.”

Bena jeung Rait kerung basa ngadenge keur nyalametkeun lambang karajaan teh. Ku duanana teu bisa kabade naon lambang karajan teh. Naha eta nu disebut barang ku Putri Anjungsari? Naon atuh lambang Pajajaran teh? Najan teu ngartieun jeung panasaran, Bena jeung Rait teu wanieun nanyakeun.

Keur kitu ti patengahan ngurunyung saurang lalaki ngora keneh, ranggem ku barang bawa kadaharan jeung inuman. Ku Bena jeung ku Rait disidik-sidik.

“Urang dieu dia teh?”ceuk Bena.

“Teu salah,” ceuk eta lalaki bari deku, kadaharanana ditundaan di hareupeun Bena, Rait jeung lalaki nu ku Putri Anjungsari disebut Paman. “Empek geura ngadawang, meungpeung haneut keneh.”

“Geus lila jaga kuda di ditu,” Bena nanya deui.

“Isukan  jeung saterusna moal jaga deui kuda di warung,” tembal eta lalaki ngora bari seuri.

“Naha?” Rait milu nanya.

“Kula dipelak di ditu ku ieu,” tembal lalaki ngora bari ngareret ka “paman”.

Lalaki “paman” ukur seuri.

Bena jeung Rait teu nanya deui. Duanana ngartieun, lalaki ngora teh ngahaja sina digawe di warung, jadi tukang jaga kuda, pikeun ngajaga nu datang ti kulon, jeung pikeun nengetan,  nalingakeun kaayaan. Cindekna mah pikeun ngajaga kasalametan urang kulon nu lunta ti Pajajaran ngajugjug kaler.

Tetela memeh Putri Anjungsari miang teh sagala rupana ku raja Pajajaran geus disiapkeun sangkan Putri Anjungsari waluya tepi ka Kawali. Bena jeung Rait beuki yakineun, urang Sunda, urang Galuh masih nganteng ka Pajajaran. Lamun bariluk ka Cirebon mah, lalampahan ngajugjug ka Kawali bakal beurat, loba halang harunganana.

Sakitu mah lalampahan ti Pajajaran tepi ka bawahan Sumedanglarang kaitung lungsur-langsar, najan sababaraha kali manggih pibahlaeun. Bena jeung Rait ngaduga ti Sumedanglarang tepi ka Kawali bakal leuwih lancar deui. Komo deui aya lalaki leutik tapi seuseug nu sigana lain jalma samanea.

Nu barangdahar teh lain ukur Bena jeung Rait, tapi oge lalaki ngora jeung Paman. Ngan, ukur Bena jeung Rait nu kawilang rewog mah. Paman jeung lalaki ngora mah ukur maturan, anu didalaharna lain beubeutian, tapi lalawuh. Sanggeus wareg, Bena jeung  Rait ngahunjar lambar. Ari lalaki nu tiluan jeung paman gogoleran.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler