Putri Anjungsari (41) Lalakon Suba Leungit Dibawa Maung nu Disambatna

28 Februari 2023, 05:30 WIB
Patilasan Eyang Suba di sisi Situ Wangi, Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/Galura

 

KE, kumaha mimitina Suba bisa nepi ka nyambat meong? “ ceuk Asmita waktu reureuh di sisi Cimanuk, walungan nu huluwotanana di Gunung Papandayan, Timbanganten, sarta ngamuara di basisir kaler Dermayon. Aki Jaya jeung Asmita diukna parerendeng.  Gingin jeung Atus keur kekecebekan ngojay.

Asmita karek rengse nyeuseuhan bajuna nu kalotor. Bajuna dipoekeun dina batu demprak nu katojo sarangenge. Najan wanci karek pecat sawed, sarangenge geus mancer. Ti lebah dinya nu teu jauh ti Limbangan, ka sisi Citarum, leumpang meakkeun waktu kurang leuwih satengah poe. Mun make kuda mah kurang ti sakitu.

Geus dua poe Suba teu puguh ka mana ngaleosna. Asmita ngawenehankeun Suba wanci sareureuh kolot nguliwed ka nu bala, terus kunyam-kunyem siga nu keur ngarajah jangjawokan. Teu lila meong belang badag ngagajleng, terus depa hareupeun Suba.  Suba mimitina mah siga  ka sima. Nempo maung siga nu bageur ku Suba laju ditumpakan, meong teh ngabelesat lumpat, teu beda jeung paser.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Ti harita Suba teu embol-embol, ngan henteu ditareangan lantaran, ku Asmita dibejakeun kajadianana. Aki Jaya, Atus, Gingin, carolohok ngadenge carita Asmita teh. Kabeh oge teu nyangkaeun, Suba nu umurna ngora keneh bisaeun jeung mampuh nyambat maung jeung wanieun numpakan.

“Rumasa kungsi ngawirid jampe keur nyambat maung. Sugan teh moal tepi ka dicoba da kudu dibeuli heula. Teu sangka manehna bisa langsung nyambat,” tembal Aki Jaya.

“Kitu, nya, Ka?” ceuk Asmita bari rada kerung.

“Enya.”

“Kira-kira dibawa ka mana ku meongna?”

“Puguh teu nyaho. Meongna lain iinguan Aka.”

“Moal nyasab mah? Dibawa ka tengah leuweung….”      

“He…manasina meong enyaan,” tembal Aki Jaya bari seuri.

Biwir Asmita oge embut, kagugu ku omonganana sorangan.

Baca Juga: The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin

“Kawasna dibawa ka hiji tempat nu teu tacan kasaba ku Suba. Suba hayang balik, meongna henteu bisa disambat deui…,” ceuk Aki Jaya bari nempokeun Atus jeung Ginggi nu keur anteng keneh ngojay. Atus mah sakapeung teuleum, dina lebah batu badag, siga nu keur ngobeng, neangan lauk nu nyarumput dina liang.

“Ka mana atuh neangan Suba?” ceuk Asmita.

“Keur ditarekahan…,” tembal Aki Jaya.

Asmita teu nyarita deui. Duanana paheneng-heneng, siga aya nu keur dipikiran. Kaayaan tiiseun. Taya saurang oge nu ngulampreng, najan lebah dinya loba pahumaan. Tempat reureuhna rada jauh ti darmaga pameuntasan, leuwih ka hilir. Ngahaja teu langsung ngajugjug ka darmaga teh, hayang reureuh heula.

Sapeupeuting henteu sare, hayangeun buru-buru tepi ka sisi Citarum nu baheula dipake tapel wates Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh lamun duanana ‘pipisahan’. Bisi kapiheulaan urang Pajajaran nu rek ngungsi ka Kawali. Aki Jaya najan geus boga umur, teu eleh ku Asmita, Atus jeung Gingin, kuat keneh bebelesatan lumpat.

Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk

Lalumpatanana teh teu beda jeung mencek, siga nu teu napak lemah. Lalumpatanana mun nyorang lalampahan ti peuting. Ti beurang mah teu waranieun, lantaran bisi pasarandog jeung nu lalar liwat, kawantu make jalan jajahan. Mun nu sejen narempoeun opatanana lumpat tarik matak genjleung, matak jadi catur.

Kangaranan beja nu harus batan goong, teu mustahil bakal tepi ka telik sendi atawa usung-esang urang Cirebon. Bisa dipastikeun ku urang Cirebon ditareangan, nu boga kamampuhan sarupa kitu lain jalma samanea, lain jalma sabrong-brong. Urang Cirebon bakal nyangka opatanana aya patalina jeung Pajajaran.

Suba mah lumpatna biasa wae, teu kawas nu opatan. Atuh mindeng katinggaleun. Eta sababna, Suba nanyakeun parancah ka Aki Jaya sangkan bisa nyambat maung sarta bisa ditumpakan. Ku Aki Jaya, lantaran ceuk pangrasana moal bisa nerap, dibejakeun. Teu nyangkaeun, Suba bisa langsung ngondang meong tepi ka ditumpakanana.

Di jalan, ti mimiti Jangraga tepi ka wewengkon Sumedanglarang, teu loba sumarimpang, saperluna wae. Aki Jaya tetela loba kawawuhanana. Teu saeutik nu mekelan dahareun jeung inumeun, beubeutian, gula beureum, madu jeung lahang. Atuh keur dahar-dahar wae mah teu kudu meuli, duit perak pamahanan ti Maharaja Sakti, karek kapake saeutik.

Baca Juga: Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

Teu manggih halang harunganana tepi ka sisi Cimanuk teh. Lalampahanana lungsur-langsar. Teu kungsi pasarandog jeung prajurit Cirebon. Teu kungsi dipegat ku karaman atawa begal. Bisa jadi kituna teh lantaran limaanana teu beda jeung umumna somahan, teu beda jeung tukang ngalalana nu tara bebekelan loba.

Sararena teh mimindengna mah lain di imah kawawuhan Aki Jaya, tapi di leuweung nu kaliwatan jalan. Ngasona teh di saung ranggon di huma. Mun kabeneran di leuweung ngahaja nyieun iiuhan, make regang, hateupna make dangdaunan, make eurih, atawa daun kalapa. Sarena giliran, duaan-duaan, duaan sare duaan deui jaga.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler