Putri Anjungsari (20)

7 Februari 2023, 05:30 WIB
/

BENA tumpak kuda deui. Ayeuna mah kudana bisa leuwing gancang, ngan henteu dilumpatkeun. Panonna angger gular-giler ka sisi ka gigireun, niténan kaayaan, ongkoh sugan aya tanda-tanda nu dijieun ku Olot Kaya atawa ku Rait.

Tapi weléh teu manggih nanaon. Jukut atawa rungkun saliara tapak katincak atawa kadupak ogé  teu katémbong. Kawasna Rait, Olot Kaya jeung nu ngiwat éndong teu ngaliwat ka lebah dinya.

Anjog ka saung ranggon, katempo saung ranggon téh kaayaanana geus barubud. Tihangna maké tangkal awi gombong témbong geus rada barobo. Tarajéna mah masih kénéh alus, najan awina geus garing pisan jeung bareulah. Palupuhna marolongo.

Ti barang ditinggalkeun sigana tacan aya deui nu unggah ka éta saung ranggon. Paninggaran, tukang moro, sigana tara pirajeuneun reureuh di dinya, komo meuting mah. Ukur ngaliwat.

Putri Anjungsari jeung Ranah tarurun tina kudana. Kudana ditempoan, sukuna témbong bararéd jeung cucuk alimusa narapel. Ku Putri Anjungsari jeung ku Ranah, beuheung jeung hulu kudana diusapan.

Béna mah kukurilingan néangan tanda-tanda nu sakira dijieun ku Rait atawa Olot Kaya. Kaayaan sabudeureunaan sepi, ukur kadéngé séahna angina, jeung sakapeung sora manuk nu récét.

Manuk nu ngadadak rabeng kakalayangan ogé geus euweuh tepi ka Béna teu bisa mastikeun di mana tempatna waktu manuk mimiti ujug-ujug haliber.

Sajongjongan mah tiluanana tinghariul, buntu pilakueun. Olot Kaya jeung Rait teuing di mana. Ranah pirajeuneun rarat-rérét kana tatangkalan nu laleutik nu rajeg dina sela-sela rungkun.

Panonna ujug-ujug nempo dahan kai nu meneran lempeng ka wetan melenoy ka handap, tepi ka congona katutupan rungkun. Héraneun ku naon dahanna melenoy kitu, kawas aya nu metot atawa dimomotan ku barang nu beurat.

“Putri, ari itu dahan kai mani melenoy kitu,” ceuk Rana bari ngadeukeutan Putri Anjungsari. Indung leungeunna nunjuk kana lebah dahan nu dimaksudna.

Putri Anjungasri nengetan éta dahan kain. Laju ngalieuk ka Béna nu keur nyarandé kana tihang saung ranggon, panonna mencrong ka lebah kulon. Putri Anjungsari nyampeurkeun.

Mireungeuh Putri Anjungsari ngadeukeutan, Béna nangtung bari rada popoyongkodan, jeung tungkul, najan lain di lingkungan karaton, angger teu wanieun neuteup Putri Anjungsari.

“Dahan kai melenoy,” ceuk Putri Anjungsari bari nuduhkeun tangkal kai ku leungeunna.

Béna ngalieuk ka lebah nu dituduhkeun ku Anjungsari. Enya waé, dahan tangkal leutik melenoy ka handap.

“Alah, enya. Tadi teu katiténan,” ceuk Béna.

“Alusna ditempo,” témbal Putri Anjungsari.

Béna unggeuk gancang muru lebah tangkal kai nu dahanna melenoy téa nu anggangna ti saung ranggon kira-kira saratus léngkah. Béna leumpangna lalaunan. Rungkun nu nutupan dahan disuaykeun. Bréh téh éndong ngagantung. Méméh dicokot, ditengetan heula.

Sanggeus yakin éta éndong bogana Olot Kaya, ku Béna dicokot, songhoréng éndong téh maké beungbeurat batu sagedé kalapa, tepi ka dahan kainna melenoy. Sanggeus talina dialaan, dahan kaina sabiasa deui. Endongna disoléndangkeun.

Kaayaan di sabudeureun tangkal diilikan gemet pisan, kaciri rungkun saliarana anyar kénéh katincak, rada areunyeuh. Tapi Béna henteu terus maluruh, henteu terus néangan deui tapak.

Bena melangeun ka Putri Anjungsari mun ditinggalkeun téh, ongkoh Olot Kaya omat-omatan ulah jauh ti Putri Anjungsari. Béna balik deui ka saung ranggon, nyampeurkeun Putri Anjungsari nu keur nangtung ngaréndéng jeung Ranah.

“Endong saha?” ceuk Putri Anjungsari.

“Anu Olot Kaya,” témbal Béna.

“Ning aya di dinya?” Putri Anjungsari nanya deui.

Béna garo-garo teu ateul. Puguh dirinya ogé teu ngarti éndong Olot Kaya bet digantungkeun dina dahan kai sarta dibeungbeuratan ku batu. Euweuh gawé. Béna ogé weléh héran ka nu ngiwat endong. Naon maksudna?

Ongkoh direbut, tapi saterusna ditunda dina dahan kai. Atawa pédah nu ngarebutna kuciwaeun péda eusi éndongna ukur kaén jeung baju, taya barang nu hargaan. Tapi mun enya nu ngarebutna boga maksud jahat endongna téh langsung dipiceun, moal digantungkeun.

“Moal kitu dahan kai téh dijieun pituduh?” ceuk Putri Anjungsari.

“Pituduh kumaha?” Béna nanyana bari ngalieuk ka lebah kai tadi.

“Dahanna lempeng ka wétan. Bisa jadi, éta pituduh urang kudu ka wétan,” témbal Putri Anjungsari.

Ngadéngé jawaban Putri Anjungsari kitu, Béna jeung Ranah ngahuleng.

“Geus rék maju sareupna. Pamali sareupna urang lumampah kénéh. Mending urang ka kulon. Bisa jadi dahan kai téh pituduh ayana tempat keur reureuh,” ceuk Putri Anjungsari. 

Bari teu ngadagoan heula jawaban ti Béna jeung Ranah, Putri Anjungsari leumpang nyampeurkeun kudana. Béna jeung Ranah ogé muru kudana séwang-séwangan. Anu panghareupna ayeuna mah Ranah, ditéma ku Putri Anjungsari jeung Béna. Kuda anu Olot Kaya ditungtun ku Béna.

Tiluanana muru ka beulah wétan, mapay jalan satapak di sisi urut huma. Kudana disina rada di lumpatkeun, lantaran teu rembet teuing ku rungkun saliara, komo ka beulah wétanna mah, kawasna humana tacan lila ditinggalkeun.

Béna tetep waspada. Kitu deui Ranah jeung Putri Anjungsari. Tiluanana tacan yakineun naha nuturkeun jalan satapak téh mawa kana kasalametan atawa sabalikna.

Bisa jadi éta téh pitapak musuh-musuh Pajajaran, sangkan bisa mérénan tiluanana di tempat anu singkur. Musuh-musuh Pajajaran moal ngantep sirung jeung pisirungeun Pajajaran kumelendang.

Najan kitu, tiluanana teu galideur, sagalana rupana dipasrahkeun ka Nu Murbeng Alam.

Sanggeus sajongjongan ngetan, jalan satapak téh méngkol ka beulah kalér. Tiluanana lebah péngkolan ngarandeg heula sakeudeung, ngawaskeun ka mana brasna éta jalan. jeung nelek-nelek sabudeureunana bisi manggih jalan satapak deui.

Taya deui jalan satapak. Sabada yakin jalan satapakna ngan hiji-hijina, tiluanana neruskeun deui leumpangna. Jalan teh katempo brasna ka rungkun awi jeung tatangkalan nu kekep.

Waktu anjog ka lebah rungkun awi, singhoréng lebah dinya téh gawir nu kawilang nangtawing, séngkédan jalan témbong malibir dina gawir.

Tina sela-sela rungkun awi, katempo di lebak aya balong nu tampiananan, pipindingna awi meunang nganyam, ari tatabanana awi golondong nu dijajarkeun sarta didémpet ku awi sabeulah, dibeungkeut ku tali awi.

Tina pancuranana cai ngagolontor hérang. Teu jauh ti tampian, luhureun balong aya saung, saung balong, nu ukuranana teu gedé. Tihangna awi, kitu deui bilikna. Hateupna injuk nu geus lukutan, ciri geus lila diadegkeunana.

Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah turun tina kudana lantaran moal mungkin dibawa mudun bari ditumpakan. Anu pangheulana mudun téh Putri Anjungsari, bari teu mawa kuda, dituturkeun ku Rana bari nungtun kudana.

Pangpandeurina Béna nungtun kuda Putri Anjungsari. Kudana jeung kuda Olot Kaya mah ditunda heula.

Di tungtung séngkédan, susukan leutik. Putri Anjungsari ngagajlengan éta susukan, terus cicing deukeut tangkal calingcing, ngadagoan Rana nu rada héséeun mudun lantaran bari nungtun kudana.

Sanggeus tepi ka lebak jeung nunda kudana deukeut Putri Anjungsari, Béna ka tonggoh deui, nyokot kudana jeung kuda Olot Kaya. Sanggeus kabéh kudana dibawa turun, Béna muru saung balong, ti lawang Béna nempoan jerona.

Sanggeus nempo isarat ti Béna, Putri Anjungsari jeung Ranah  nyampeurkeun. Putri Anjungsari ngilikan jero saung.

“Bisa dipaké reureuh,” pokna.

Méméh hanjat ka saung balong, Putri Anjungsari ka tampian, sibeungeut jeung ngumbah sukuna, tarumpahna nu dijieun tina kulit embé dialaan. Ranah ogé ka tampian heula. Duanana teu wanieun mandi najan awakna karasa kareunang.

Sareupna pamali mandi, ongkoh hariwang bisi aya nu ngawaskeun ti luhur gawir lantaran rada caang kénéh. Putri Anjungsari jeung Ranah ngedeng nangkarak dibantalan ku éndongna séwang-séwangan.

Béna mah muru deui kudana. Dibawa ka kéncaeun tangkal calingcing, ka tempat nu rada datar, sarta di dinya loba jukut nu héjo ngémploh. Elésna dialaan, sangkan kudana bisaeun nyatu kalawan laluasa, sadelna mah henteu dilaan.

Bari diuk dina batu, teu jauh ti kuda, Béna nengetan kaayaan sabudeureun balong. Tétéla eta patempatan teh pernahna di léngkob nu teu sabaraha lega, beulah wétan, kulon, jeung kalérna pasir ipis. Teu jauh ti balong aya pahumaan, ngan sigana mah anyar kénéh dipanén, tapi aya kénéh sésa-sésana.

Katémbong jalan satapak nu sigana mah mindeng diliwatan lantaran ledug. Nanjak mayat, luar-léor. Ieu tempat pastina teu pati jauh ti pilemburan, ceuk Béna dina jero haténa.

Mun lain pilemburan ogé aya imah, aya padumukan. Bisa jadi balong jeung humana mindeng dilongokan. Saung balongna ogé karumat,  palapuhna hérang, cirining mindeng diunggahan.

Boa saungna mindeng diéndongan. Kumaha mun engké nu bogana datang? Nengetan humana geus dipanén mah kawasna nu boga huma moal ngéndong di dieu, humana teu kudu dijaga, ceuk Béna deui rada ngagerendeng.

Béna cengkat, muru tampian. Sibeungeut bari semu digosokan, maseuhan buukna  nu beueus ku késang, totopongna dilaan, disampaykeun dina pipinding tampian.

Karasa seger, komo mun geus mandi engké. Keur kasayna nyampak tangkal jambu batu nu keur meumeujeuhna gomplok, ngan jambuna parentil kénéh.

Tapi Béna teu wanieun mandi, geus sareupna. Rék mandina téh ngadagoan sareureuh budak, sanggeus liwat ti sareupna. Katempo laukna pating gulibeg dina lebah kokocoran cai, disangka keur diparaban meureun.*** (Hanca)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler