Putri Anjungsari (17)

4 Februari 2023, 05:30 WIB
/

KUDU nyamuni, Lot?” ceuk Béna rada ngaharéwos.

Karék ogé Olot Kaya engab rék némbalan, lalaki bieu leumpangna ujug-ujug jajarigjegan bari nyekel pundukna, tuluy ngabangkieung ka sisi jalan. Bru labuh teu jauh ti kamalir. Olot Kaya, jeung nu opatan, karagéteun. 

“Tulungan?” ceuk Rait.

“Ké lanan,” témbal Olot Kaya, bari panonna mencrong ka lebah lalaki nu ngajoprak di sisi kamalir.

Katempo, rungkun saliara deukeut éta lalaki oyag-oyagan jeung manuk ujug-ujug haliber. Bareng jeung kitu ti tukangeun tempat dariukna kadéngé sora nu ngagorobas jeung kuda hihieman rada motah.

Méh bareng nu limaan ngalieuk ka lebah sora nu ngagorobas bari taki-taki. Ditungguan sajongjongan taya nu nyurigakeun. Kuda ogé aranteng deui. Ditempo ku Rait, kuda téh nyaratuan deui jukut.

Geus karuhan taya nanaon, nu limaan ngalieuk deui ka lebah lalaki tadi nu ujug-ujug ngudupung di sisi kamalir.  Tapi lalaki nu ngajoprak téh geus euweuh. Nu limaan silih pencrong.

“Kawasna kudu gancang miang deui,” ceuk Putri Anjungsari bari menerkeun gelungna. Patrémna dibebenah sangkan leuwih babari jeung gancang dilaan.

“Bener, geus cukup reureuh ongkoh,” témbal Olot Kaya.

Rait jeung Ranah bébérés urut dahar. Buah samolo nu masih kénéh nyésa diwadahan kana éndong urutna. Cucuk lauk, hulu lauk, cangkang beubeutian, daun cau urut mungkus kadaharan, dikumpulkeun, dihijikeun sarta dibuleun ku daun cau urut diuk.

Ku Rait runtah téh dibawa ka tukangeun rungkun, ditunda di handapeun tangkal badag. Tempat urut reureuh téh jadi beresih deui, sireum hideung, tataman, ngakutan sésa-sésa kadaharan nu teu kapiceun.

Limaanana patutur muru tempat nunda kudana. Cluk-clak kana kudana séwang-séwangan. Neruskeun deui lalampahan. Kuda angger henteu dilumpatkeun. Paromanana nu limaan angger teu katempo siga tas manggih kahéran.

Ngaliwat ka lebah urut lalaki ngudupung, ukur direrét, henteu hayangeun terus maluruh, najan ari haténa mah panasaraneun. Saha éta lalaki, ku naon ujug-ujug ngabangkieung, ngaleungit ka mana.  Naon deuih nu ngalantarankeun rungkun tukangeun tempat diukna ngagorobas tepi ka kuda siga manggih kasieun.

“Lot, kira-kira saha éta lalaki téh?” ceuk Béna bari jongjon ngadalian kudana.

“Kateuing atuh,” témbal Olot Kaya.

“Ari ujug-ujug ngabangkieung tepi ka nambruna ku naeun deuih?” ceuk Rait milu nanya.

“Sarua, éta ogé  kami  teu nyaho,” ceuk Olot Kaya bari ngalieuk ka Putri Anjungsari.

“Moal boa manéhna urang Carbon atawa Banten,” ceuk Putri Anjungsari. “Eta pédah bajuna béda jeung urang dieu.”

“Alah, teu kapikiran tepi ka dinya,” ceuk Olot Kaya.

“Telik sandi, kitu?” Ranah  mairan.

Olot Kaya ngahuleng bangun aya nu dipikiran. Kitu deui nu opatan. Teu nyarita deui. Haténa mah kabéh ogé galécok. Tacan pati jauh ti Pakuan Pajajaran geus manggih kajadian nu kaharti. Komo engké mun geus deukeut ka Kawali. Apan Kawali mah ngatapel wates jeung wewengkon nu geus dicangking ku Cirebon.

Putri Anjungsari banget teu ngartieun bapana nitah ngungsi ka Kawali, lain ka wewengkon nu sakira moal disaba ku urang Banten jeung ku urang Cirebon. Atuh bapana ngungsina ka Pulosari nu teu jauh jeung puseur kasultanan Banten. Putri Anjungsari nganggap dirina jeung bapana sarua jeung oray nyampeurkeun paneunggeul.

Kungsi éta ogé ku Putri Anjungsari ditanyakeun ka bapana. Ngan bapana henteu ngajawab kalayan jéntré. Ukur ngajawab sagala rupana geus dibalitungkeun jeung meunang mikir kalayan asak bari merhatikeun kamandang para kokolot Pajajaran jeung ti puragabaya.

Putri Anjungsari teu terus tetelepék, najan masih panasaraneun. Ongkoh deuih bapana mun ngalongok ka Pakuan Pajajaran henteu nyalsé lantaran kaayaan keur genting. Tara lila. Sakanyahona ukur sapeuting dua peuting.

Anu apaleun bapana aya di Pakuan Pajajaran ogé teu loba. Ukur kulawargana nu masih kénéh di karaton, mantri kapercayaan bapana, jeung puragabaya nu ngawalna. Emban jeung prajurit nu ngajaga karaton ogé tara nyahoeun, tambah deui bapana sok nyamur.

Ku kanceukna, ku Déwi Purnamasari, Putri Anjungsari dipapagahan ulah cangcaya, kudu percaya ka bapana. Bapana moal mungkin nyilakakeun nu jadi anak.

Bisa jadi bapana geus ngabéjaan urang Kawali, bapana geus ngirimkeun utusanana sarta geus meunang tanda kasanggupan urang Kawali dicicingan ku Putri Anjungsari jeung sanggup ngajaga Putri Anjungsari ulah tepi ka urang Cirebon apaleun. 

Masing kumaha waé ogé urang Kawali, najan kungsi diperangan ku luluhurna, ku Surawisésa, tetep ngait ka Pajajaran. Nu ngadeg tahta di Pajajaran dihenteu-henteu ogé rundayan Kawali, rundayan Galuh. Urang Pakuan Pajajaran ogé angger mikolot ka urang Galuh.

“Amun téa mah telik sandi Cirebon saha nu mergasana?” ceuk Béna ngamimitian deui ngajak nyarita.

“Balad urang pastina, ngan kateuing saha,” témbal Putri Anjungsari, sorana niru-niru somahan, lain sora putri karaton. Kudana dikenyed sangkan eureun, terus ngalieuk ka Rait, dipencrong.

Rait tungkul, kudana ogé disina eureun. “Lain Kami, Eneng. Kami teu bisa méngkolkeun batu nu disintreuk. Apan itu holna ti kalér, kami ti kidul,” pokna.

“Jadi, mun tadi dia nyitreuk batu moal bisa keuna kana punduk jalma tadi?” Putri Anjungsari nanya deui.

“Moal. Tapi mun kana tarang, gado mah bisa,” témbal Rait.

Olot Kaya rada héraneun nempo Putri Anjungsari boga sangkaan nu ngalantarankeun jalam tadi ujug-ujug ngudupruk téh Rait. Naon alesanana Putri Anjungsari nyangka ka Rait, Rait mah teu ka mamana. Tapi teu lila Olot Kaya seuri sorangan bari nepak tarangna.

Na poho-poho teuing apan Rait boga kamampuhan nyintreuk barang teuas sina mecleng tarik kana sasaran jeung mun keuna ka jalma bakal adug lajeur, ceuk haténa. Ngan moal mungkin barang anu disintreukna keuna kana punduk jalma tadi mah lantaran  ituna nyanghareup ka lebah Rait diuk.

Putri Anjungsari teu terus kapapanjangan. Kudana dikenyed deui sina leumpang, nu séjén ogé nurutan. Tarumpak kudana patutur-tutur, nu panghareupna Rait.

Jalan nu diliwatan angger leuweung, paselang-selang pahumaan anyar nu rungkun saliarana geus dikorédan, tinggal ngaduruk. Méh tacan kungsi ngaliwat ka sisi lembur.

Eta ogé sakapeung-sakapeung manggih jalan satapak nu asupna ti jalan jajahan, ngan kénca katuhuna carénéom, malah dipelakeun haur gereng. Saliwat mah éta jalan satapak téh lain jalan ka pilemburan.

Poé geus liwat kalangkang satangtung. Kuda témbong ngoprot késang, jeung sungutna rada ngabudah, tanda capéeun.

“Lot, kudana geus leuseuhan, ngaso di mana?” ceuk Putri Anjungsari.

“Ké mun geus manggih warung. Asana mah teu jauh ti dieu. Hayu gancangan kudana,” ceuk Olot Kaya bari nepak beuheung kudana sina lumpat.

Nu opatan nurut, kudana sina rada lumpat. Teu sabaraha lila anjog ka saung warung nu kawilang badag beulah katuhu, gigireun jalan satapak nu ka wétankeun.

Di jero warung katempo lalaki duaan sapantar jeung Béna keur dariuk, nu saurang make totopong hideung nu saurang deui make totopong bodas. Tukang warungna lalaki geus kolot jeung awéwé nu ogé geus kolot, sigana mah salaki pamajikan.

Teu jauh ti warung, aya tempat keur nyangcang kuda. Jukutna haréjo jeung aya wadah tempat keur neundeun parab kuda, djieun tina kai  nu bentukna kawas lisung.

Sanggeus nunda kudana, Putri Anjungsari jeung opatan arasup ka warung, dariuk dina bangku dijieun ku awai golondongan. Diuk dina bangku nu  ngalantarankeun limanana bisa ngawaskeun ka jalan, pagigir-gigir jeung lalaki duaan nu geus ti heula aya.

Tukang warung hideng nyodorkeun kendi jeung bekong nu dijieun tina batok kalapa. Limaanana tinglaleguk nginum. Cai tina kendi nu tiis karasa mani nyecep kana tikoro. 

Tukang warung nyodorkeun deui kadaharan, beubeutian, jeung lalawuhna, di antarana beuleum lauk asin, ditambah kéré daging jeung kéré lauk nu diasakanana dipanggang.   

“Kudana diparab?” ceuk tukang warung lalakina.

“Enya,” témbal Olot Kaya bari unggeuk

Tukang warung, lalakina, ngoréléng ka tukangeun saung. Teu lila leumpang muru tempat kuda bari mawa keur parab, diwadahan kana dingkul badag nu dijieun tina awi. Bangsa beubeutian nu geus lila nu moal hadé didahar ku jalma, ditambah ku dangdaunan.

Leungeun katuhuna ngajingjing ember, eusina cai keur nginumn kuda. Caina   make ramuan sangkan kudana jagjag. Sanggeus ditunda, tukang warung téh balik deui. Kudana témbong saregut pisan nyatuna téh.

Méméh nyolongkrong kadaharan nu dijagragkeun ku tukang warung, Olot Kaya ngarérét ka lalaki duaan.

“Hayu, bareng ngawadang,” pokna.

Nu lalaki duaan unggeuk bari seuri.

“Kami mah enggeus tadi…,” témbal lalaki nu diiket bodas.

Olot Kaya bubuhan geus kolot daharna anca. Teu makmak-mekmek. Kitu deui Putri Anjungsari jeung Rana. Béda deui jeung Rait katu Béna, nu daharna bari taki-taki, bisi lalaki nu duaan némbongkeun paripolah picurigaeun.

Taraka-tarikina téh henteu témbong, Rait jeung Béna  katempona jongjon dahar mani bangun nu ngalimed. Béna sakali-kali maling-maling merhatikeun nu duaan.

Tina sorot panonna, Béna teu manggih tanda éta lalaki boga niat teu hadé. Malah Béna ngaduga, éta lalaki lain jalma samanéa. Mibanda kalinuwihan, tapi henteu nyirikeun.

Olot Kaya daharna teu lila, bibilasna ku buah samolo.

“Arandika rék kamarana?” ceuk lalaki nu ditotopong warna hideung basa Olot Kaya nunda bekongna.*** (Hanca)

Kalangkang satangtung: jam dua beurang.

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler