Dina Rembug Bedas, Kepala Desa Lampegan Miharep 13 Program Prioritas Bupati Bandung Nuluy

- 25 Maret 2024, 22:53 WIB
Rembug Bedas  ka- 102 digelar di GOR Desa Lampegan Kecamatan Ibun Kabupaten Bandung, Senèn, 25 Marer 2024.
Rembug Bedas ka- 102 digelar di GOR Desa Lampegan Kecamatan Ibun Kabupaten Bandung, Senèn, 25 Marer 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Rembug Bedas ka- 102 Pemerintah Kabupaten Bandung palebah dieu Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD) digelar di GOR Desa Lampegan Kecamatan Ibun Kabupaten Bandung, Senèn, 25 Marer 2024.

Saperti sasari Rembug Baedas magunemkeun abudeuruen 13 program prioritas Bupati abandung , Dadang Supriatna. Harita, Syafrudin warga RW 07 Desa Lampegan meredih ka Bupati Bandung pikeun ngomèan penerangan jalan umum (PJU) di Jalan Protokol Desa Lampegan Kecamatan Ibun.

Asep, warga RW 11 desa nu sareu miharep aya bantuan pikeun nganggeuskeun pangwangunan madrasah di RW 11 desa satempat. Sajaba nepikeun aspirasi di luhur, Asep ogè ngapresiasi program Bupati Bandung, utamana progran guru ngaji nu kacida rmangfaat pikeun masarakat.

"Simkuring salah saurag panarina manpaat program guru ngaji nu digulirkeun Bapak Bupati Bandung. Hatur nuhun Pak Bupati. program Bapak tos karèalisasi. Ku kituna simkiring salaku warga sareng guru ngaji ngrojong Bapak Bupati kanggo ngalajeingkeun kapemingpinan di periode kedua," ceuk Asep.

Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-101 Warga Margamukti Rojong Bupati Bandung Maju deui dina Pilkada November 2024

Kepala Desa Lampegan, Sutar nganuhunkeun ka Bupati Bandung lantaran masarakat di Desa Lampegan geus ngarasakeun manpaat 13 program Bupati Bandung. "Harran urang sangkan program Pak Bupati Bandung tiasa neras, " pokna.

Bupati Dadang Supriatna masrahjeun bantuan wakaf buku, kartu tani Sibedas, bantuan stimulan utilahu, jeung nomor induk berusaha (NIB), fasilitasi halal tur bantuan sèjènna.

Bupati ogè miharep masyarakat pikeun ngamangpaatkeun potensi jeung kasayagian anggaran dina program pinjaman dana bergulir tanpa bunga jeung teu aya anggunan di BPR Kerta Raharjapl(Bank Jabar dan Banten).

"Tiasa digunakeun kanggon modal usaha, ti Rp 2 juta dugika i Rp 5 juta saurangna , malihan tiasa langkung ti sakitu," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang ogè ngarèspon naon nu jadi harepan masarakat, utamana dina ngomèan jalan nun ruksak boh penerangan jalan umum (PJU) nu pareum.

Dadang Supriatna nyebutkeun 12 desa di Kecamatan Ibun, kabèh meunang dana bagi hasil tina bonus produksi panas bumi .

Di Kecamatan Ibun, ceuk Dadang masih kènèh aya warga nu can meunang sambungan energi listrik. Jang nyumponan panerangan listrik pihakna ngalakukeun inovasi liwat Program Caang Baranang.

"Program ieu teu ngagunakeun listrik ti PLN, tapi PLTS (Pusat Listrik Tenaga Surya). Di Kabupaten Bandung masih aya kana 3.500 imah nunl can meunan sambungan listrik ti PLN.

" Di Kecamatan Ibun, geus aya kana 100 imah panarima mangpaat program Caang Baranang," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x