PDI Perjuangan Majalengka Diprediksi Meunang 4 Kursi di Dapil 5 Majalengka

- 26 Februari 2024, 19:43 WIB
Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M. MPd.
Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M. MPd. /

GALURA.CO.UD –Dapil 5 Majalengka (Kecamatan Lemahsugih, Bantarujeg, Malausma, Cikijing, jeung Cingambul) dianggagp "dapil naraka". Di ieu dapil, padungdung caleg-caleg nu kakoncara jeung ti kulawarga nu mibanda pangaruh.

Politisi nu tarung di Dapil Majalengka: Iman Nurmansyah (putra bupati maten Majalengka anu oge Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka) jeung Randi Andries, anggota DPRD Majalengka periode 2019-2024 ti PDI Perjuangan.

Politisi Teten Rustandi ti Gerindra, M Suparman ti Golkar, H Yanto PPP jeung H Imif Miftahudin ti PAN oge tarung di Dapil 5 Majalengka. Kabehanana mibanda lolongkrang deui nyangking kalungguhan di gedong DPRD Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Pangpunjulna Sora di Dapil 2, Caleg DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana Nganuhunkeun ka Relawan

Salian eta oge aya ngaran-ngaran caleg anyar anu bakal diuk di korsi legislatif saperti H Maman Faturochman kepala manten BKPSDM Majalengka ti PDI Perjuangan, Hj. Dinar Tisnawati (garwa anggota DPR RI H Jefry Romdonny) ti Gerindra. Ketua manten LSM GMBI H Agus Subagja oge boga lolongkrang jadi wakil rakyat.

Dapil 5 Majalengka mibanda alokasi 10 korsi tina total sakabehna korsi di DPRD Majalengka, ti Dapil 1-5 jumlahna 50 korsi.

Dumasar data di pemilu2024.kpu.go.id tepi ka 25 Februari 2024 jam 11.00 WIB, kacatet soara nu asup ti 526 TPS) tina jumlah total 800 TPS, 65,38%. Sakumna caleg masih bisa nambahan sorana.

Di Dapil 5 Majalengka PDI Perjuangan ngaborong 4 korsi di dapil 5, wewwengkon dilahirkeunana Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka jeung Bupati manten Majalengka, H Karna Sobahi.

Baca Juga: Real Count KPU Pileg DPRD Dapil 4 Majalengka: PDIP Unggul. Ngaran-ngaran Caleg nu Potensial Kapilih

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x