GALURA.CO.ID - Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDIP) boga kasempetan keur mertahankeun korsi Ketua DPRD Kabupaten Majalengka.
Dumasar hasil real count sawatara KPU, partai politik logo banteng moncong putih teh unggul dina beubeunangan soara anggota DPRD Kabupaten Majalengka.
PDIP sigana masih dianggap jadi partey primadona nu dipikaresep ku rayat Kabupaten Majalengka.
Baca Juga: Ketua Fraksi PDIP Kabupaten Bandung M. Luthfi Ngarasa Can Nyugemakeun Nyumponan Pameredih Masarakat
Hal itu tembong tina hasil real count sawatara KPU dina Pemilihan Umum (Pemilu). PDIP masih jadi partey nu nyangking soara panglobana keur DPRD Kabupaten Majalengka, dina Pileg 2024.
Dumasar data hasil real count KPU, Rebo (21/2/2024), jam 10.00 WIB, kacatet data nu asup geus aya 71.23 persen. Data soara nu asup dikumpulkeun tina 2.803 Tempat Pemungutan Suara (TPS) ti 3.935 TPS.
Dumasar data situs resmina pemilu2024.kpu.go.id PDI Perjuangan dipastikeun jauh ninggalkeun partey-partey lianna. Nepi ka poe ieu, 28.2 persen atawa 112.905 soara warga Kabupaten Majalengka geus netelakeun milih PDI Perjuangan dina Pemilu 2024.
Di handapeun PDI Perjuangan, Partai Keadilan Sejahtera (PKS) meunang 59.901 soara (14.96 persen). Nu katilu, aya Partai Golongan Karya (Golkar) nu meunang 46.530 soara (11.62 persen).
Baca Juga: PDIP Majalengka: Ratusan Urang nu Mundur Massal Lain Kader PDIP