Balukar Caah PAS di SDN Baturengat 01 Kabupaten Bandung Diundur

- 7 Desember 2023, 15:29 WIB
SDN Baturengat 01 Kabupaten Bandung kabanjiran. PAS diundur.
SDN Baturengat 01 Kabupaten Bandung kabanjiran. PAS diundur. /Sopandi/galura co.id

GALURA.CO.ID -Caah nu narajang SDN Baturengat 01 Desa Cigondewah Hilir, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung dua poè kaliwat, tepi ka danget ieu , sababaraha rohang kelas masih kènèh paburantak. Cai pacampur leutak masih kènèh ngeuyembeu di palataran sakola.

Ku kaayaan ieu,  408 murid SDN Baturengat 01 ti saprak kajadian dialajar di imah jeung Penilaian Akhir Sekolah (PAS) diundur jadi poè Senèn, 11 Desember 2023, tadina rek dimimitian Senen, 4 Desember 2023.

Kepala SDN Baturengat 01, Ai Rokayah, S. Pd nètèlakeun, caah narajang dua kali ka sakolana.

Baca Juga: Rembug Bedas Bupati Bandung di Tilu Desa Kemis, 7 Desember 2023, Plt Kades Rahayu Matalèkeun 3 Pasualan

"Nu ngawitan  dinten Juma'ah 1 Desember 2023, teu patos ageung, rohang kelas ogè tos dibèbèrès. Tapi, banjir nu kadua narajang wengi, Salasa, atanapi Senè 4 Desember 2023, langkung ageung ti nu kahij, " ceuk Ai Rokayah di lokasi, Kemis 7 Desember 2023.

Cai nu mudal ti Walungan Cibeureum ku sabab tanggul jebol.

Kepala SD Baturengat 01 Cigonewah Hilir Margaasih, Ai Rokayah, S. Pd.
Kepala SD Baturengat 01 Cigonewah Hilir Margaasih, Ai Rokayah, S. Pd.

Ceuk Ai, 9 rohang kelas, 1 ruang guru, jeung rohang kepala sakola, perpustakaan, UKS, katut imah dines kakeueum cai 1,5 meter luhurna. "Aset sakola, ratusan buku, banguku, mèja sareng meubeler reksak. Tilu komputer, sareng dua CPU, printer, sareng dua unit speker aktif ogè reksak, " ceuk Ai.

Tepi ka ayeuna rohang kelas can bisa digunakeun, masih diberesihan. Ari palataran masih kakeueum leutak.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah