Balukar Alih Fungsi Lahan, Tanggul Walungan di Cigondewah Hilir Margaasih Jebol SDN Baturengat 01 Kacaahan

- 6 Desember 2023, 21:23 WIB
Kepala Desa Cigondewah Hilir Kecamatam Margaasih, Syaiul Huda niteman SDN Baturengat 01 nu kacaahan kamari, 5 Desember 2023..
Kepala Desa Cigondewah Hilir Kecamatam Margaasih, Syaiul Huda niteman SDN Baturengat 01 nu kacaahan kamari, 5 Desember 2023.. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -SD Negeri Baturengat 01 Desa Cigendewah Hilir, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung kacaahan. Ratusan buku ruksak  jeung sababaraha rohangan pinuh ku leutak.

Kajadian caah tèh kaburitnakeun, Salasa, 5 Desember 2023, balukar tanggul  Walungan Baturengat nu teu jauh ti sakola jebol, teu kuateun nahan cai nu mudal satutas hujan ayer-ayeran ti beurang kènèh.

Sajaba SD Negeri Barurengat 01, sababaraha imah oge kacaahan. Anggota DPRD Kabuoaten Bandung, Uya Mulyana nyebutkeun, di Cigondewah Hilir samèmèhna arang langka kajadian banjir nu pohara.

Baca Juga: Menteri Pertanian Leuleutakan Tandur di Lahan Sawah di Kutawaringin Kabupaten Bandung

Saprak loba perumahan nu ngalantarakeun alih fungsi lahan teu bisa disingkat deui ayeuna saban hujan kajadian caah. Cacak hujanna tacan mindeng, komo engke dina puncak usum hujan.

"Nu nyababkeun banjir kamari di Cigondewah Hilir, kahijina mah jebolna tanggul di lembur Baturengat sareng teu ayana serepan cai, margi lahan serang tos janten perumahan. Salasawiosna: Perumahan Taman Rahayu, " ceuk Uya, Rebo 6 Desember 2023.

Uya apal pisan ka wewengkon Cigondewah Hilir da puguh Margaasih teh lemburna. Ku kituna inyana miharep ka Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS) Citarum sangka malire walungan nu aya di Margaasih nu geus hareureut tur darèèt.

Uya oge miharep sagancangna tanggul nu jebol di Cigondewah hilir dibenerkeun sabah lamun teu kitu sakola jeung lembur sabudeureunnana kabanjiran terus. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah