KH Abdul Chalim ti Leuwimunding Majalengka Dileler Gelar Pahlawan Nasional

- 15 November 2023, 14:42 WIB
KH ABDUL Chalim ti Kabupaten Majalengka, dileler gelar Pahlawan Nasional taun 2023 (kenca).  Ahli waris KH Abdul Chalim dipoto jeung Presiden katut Wakil Presiden di Istana Negara (katuhu).
KH ABDUL Chalim ti Kabupaten Majalengka, dileler gelar Pahlawan Nasional taun 2023 (kenca). Ahli waris KH Abdul Chalim dipoto jeung Presiden katut Wakil Presiden di Istana Negara (katuhu). /Ayank R.Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -KH Abdul Chalim, tokoh nasional ti Leuwimunding Kabupaten Majalengka taun 2023 ayeuna dileler gelar Pahlawan Nasional. Majalengka jadi boga dua Pahlawan Nasional.

Mieling Hari Pahlawan ka-78 taun 2023 nu dilaksanakeun Pamarentah Kabupaten Majalengka, tempatna di pakarangan Pendopo Gedong Nagara, Jumaah (10/ 11/2023), mibanda ajen mandiri. Taun ayeuna KH Abdul Chalim nu lahir jeung dikurebkeun di Majalengka dileler gelar Pahlawan Nasional.

Dina mieling Hari Pahlawan taun 2023 ayeuna jejerna: Semangat Pahlawan untuk Masa Depan Bangsa dalam Memerangi Kemiskinan dan Kebodohan”. Di tingkat Kabupaten Majalengka, inspektur upacarana Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd nu rek nyalonkeun deui din Pilkada taun 2024.

Baca Juga: Galura Cetak III November 2023, Ngaguar Pentingna Ngungkab Bukanagara di Cisalak Kabupaten Subang

Diluuhan ku Forkopimda, Sekda, Kemenag Kabupaten Majalengka, sakumna staf ahli, sakumna assiten, sakumna kepala OPD, camat, tokoh masarakat katut ondangan sejenna, kaasup masarakat jeung barudak sakola.

Bupati Majalengka, nyebutkeun gelar pahlawan nasional keur KH Abdul Chalim Leuwimunding, pejuang ti NU, teh kado pangendahna jeung panghadena pikeun sakumna masarakat Majalengka, dina mieling Poe Pahlawan. “Pamugi tiasa janten tauladan kangge masarakat Majalengka, hususna warga Nahdiyin katut bangsa Indonesia sacara umum,” pokna.

Ku dilelerna gelar Pahlawan Nasional keur KH Abdul Chalim, ceuk Bupati, Kabupaten Majalengka geus mibanda dua tokoh nu dileler gelar Pahlawan Nasional. “Hal ieu janten inspirasi kangge teras sumanget merjoangkeun kahadean kangge daerah, bangsa sareng nagara,” pokna.

Kabid Pemberdayaan Sosial dan Penanganan Fakir Miskin Dinas Sosial Kabupaten Majalengka, H. Mumu Hermawan, nyebutkeun pangajen Pahlawan Nasional keur KH. Abdul Chalim Leuwimunding dumasar Keppres nomer: 115/TK/2023 ngeunaan Penganugrahan Gelar Pahlawan Nasional nu di tetepkan di Jakarta, 6 Nopember 2023.

Baca Juga: Makam Eyang Gajah Mekar di Kabupaten Bandung, anu Jaroh Saban Poe ti Peuting tepi ka Beurang

KH Abdul Chalim lahir di Leuwimunding, Majalengka, 2 Juni 1898. Anjeunna seuweu kuwu (kepala desa) Kedung, Wangsagama. Ibuna ngaranna Satimah. Akina kuwu Kertagama, seuweu ti Buyut Liuh, seuwu Pangeran Cirebon. Silsilah KH Abdul Chalim aya patalina sareng Syarif Hidayatullah, atanapi Sunan Gunung Djati,” ceuk Mumu.

Ti rumaja, KH Abdul Chalim nyuprih tur neuleuman atikan agama. Ngarengsekeun formal ti HIS (Hollandsch Inlandsche School). Nyuprih elmu pangaweruh di sababaraha pesantren di wilayah Leuwimunding jeung Rajagaluh. Di Pesantren Banada, Pesantren al-Fattah Trajaya, jeung Pesantren Nurul Huda al Ma’arif Pajajar.

Taun 1913, neuleuman agama di Mekah. Mulang ti Mekah ngagabung jeung KH. Abdul Wahab Hasbullah nu mibanda komitmen kana kamerdekaan nagara. KH Abdul Chalim ngabantu ngokolakeun organisasi-organisasi nu geus ditaratas ku KH. Abdul Wahab Hasbullah, nyaeta Nahdlatul Wathan nu satuluyna jadi Syubbanul Wathon.

Nalika ngadegeun Subbanul Wathon, KH. Abdul Chalim bateng jeung KH. Abdul Wahab Hasbullah nyieun Komite Hijaz nu mibnda tujuan pikeun ngaorganisasikeun ulama-ulama di Jawa jeung Madura keur nyangking kamerdekaan Indonesia.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana Meunteun Bupati Bandung tina Leubeut Prestasina

KH Abdul Chalim nulis surat ondangan keur sakumna ulama di Jawa katut Madura pikeun ngaluuhan riungan nu dilaksanakeun Komite Hijaz, 31 Januari 1926. Eusi surat nu netelakeun dina tujuan kamerdekaan Indonesia meunang respon nu luar biasa ti sakumna ulama. Ku kituna sajumlah 65 ulama hadir dina riungan eta.

Komite Hijaz satuluyna ngarojong suksesna kasapukan di antara sakumna ulama pikeun ngadeugkeun Nahdlatul Ulama jeung KH. Hasyim Asyari sjadi Rais Aam sarta KH. Abdul Wahab Hasbullah jadi Katib Awal. KH. Abdul Chalim jadi Katib Tsani (Sekretaris kadua) dina kapangurusan PBNU entragan kahiji.

KH. Abdul Chalim oge pembina rohani organisasi semi militer Hizbullah, ngajegkeun Hizbullah pikeun wilayah Majalengka jeung Cirebon, sarta pajoang Hizbullah di sababaraha medan laga di Cirebon, Majalengka, jeung Surabaya. Kawentar ku sebutan Muharrikul Afkar nu hartina ngagerakeun ngahudangkeun sumanget perjoangan.

Inyana oge kungsi meunang sebutan “Mushlikhu Dzatil Bain” (ngarerepeh dua pihak nu pabentar paham) sabab mindeng ngarerepeh ulama nu adu argumen. Inyana oge kungsi jadi anggota Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara (MPRS).

KH. Abdul Chalim tilar dunya di Leuwimunding, 12 Juni 1972 di Leuwimunding. Kiwari ngaranna diabadikeun jadi ngaran paguron luhur di Mojokerto: “Institut Pesantren KH. Abdul Chalim Mojokerto” nu kiwari keur proses jadi Universitas Pesantren KH. Abdul Chalim Mojokerto.

Dilelerna KH Abdul Chalim Leuwimunding jadi Pahlawan Nasional, tanggal 10 November 2023, Majalengka kiwari mibanda 2 urang pahlawan Nasional. Nu munggaran nu ngadegkeun Persatuan Umat Islam (PUI), KH Abdul Halim nu dimakamkeun di Santri Asromo Kecamatan Sindang, Kabupaten Majalengka.

“Pahlawan Nasional asal Majalengka mibanda nami nu sami. KH Abdul Halim sareng KH Abdul Chalim, mung benten dina huruf C di kecap halimna wae,” ceuk Mumu.
Taun 2023 ayeuna nu dileler gelar Pahlawan Nasional teh Ida Dewa Agung Jambe (Provinsi Bali), Bataha Santiago (Provinsi Sulawesi Utara), M Tabrani (Provinsi Jawa Timur), Ratu Kalinyamat (Provinsi Jawa Tengah), KH Abdul Chalim (Provinsi Jawa Barat), jeung KH Ahmad Hanafiah (Provinsi Lampung).*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x