Pemilu jeung Pilkada Serentak 2024, Kabupaten Bandung Diklat 775 Anggota Satpol PP jeung Satlinmas

- 6 November 2023, 15:44 WIB
Kasatpol PP Kabupaten Bandung Mochamad Usman.
Kasatpol PP Kabupaten Bandung Mochamad Usman. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kana 775 anggota Satpol PP jeung Satlinmas Kabupaten Bandung, dillukeun Pendidikan dan Pelatihan (Diklat). Pamilon diklat dimiangkeun ku Kepala Satpol PP Kabupaten Bandung Mochamad Usman ngawakilan Bupati Bandung Dadamg Supriatna di Dome Bale Rame Soreang, Senèn (6/11/2023)

Tina jumlah sakitu, 155 anggota Satpol PP jeung 620 anggota Satlinmas nu dilakukeun satahap-satahap. Diklat gawè bareng antara Pemkab Bandung jeung Lanud Sulaiman sarta Dinas JAS-AD.

Kepala Satpol PP Kabupaten Bandung Mochamad Usman nètèlakeun, Diklat anggota Satpol PP jeung anggota Satlinmas dina tarèkah nyiptakeun kaamanan jeung katartiban umum tur panyalindunngan masarakat di Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Pemkab Bandung Ngingetan Sangkan Masyarakat Iatna Nyanghareupan Pancaroba

"Ieu teh komitmen sasarengan kanggo ngadukung visi Kabupaten Bandung, nyaèta ngawujudna Kabupaten Bandung nu Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera (Bedas) nu dijabarkeun dina misi ka-4, ngoptimalkeun tata kelola pemerintahan ngalangkungan birokrasi nu profesional sereng tata kelola kehidupan masyarakat dumasar ajen-inajen kaagamaan," ceuk Usman.

Usman nyebutkeun ieu diklat sajalan jeung Peraturan Menteri Dalam Negeri RI Nomor 26 taun 2020 jeung Peraturan Bupati nomer 43 taun 2021 ngeunaan Penyelenggaraan Perlindungan Masyarakat di Kabupaten Bandung.

"Anggota Satpol PP sareng anggota Satlinmas gaduh tugas ngajaga katingtriman sareng katartiban umum tur nangtayungan masyarakat, katut nanjeurkkeun Perda sareng Perkada," ceuk Usman.

Sajaba ngabantu tarèkah bela negara, Usman nandeskeun, Satpol PP jeung Satlinmas ngabantuan ngungkulan bencana, kagiatan sosial kamasyarakatan, ngungkulan kaamanan, katartiban, jeung ngabantuan Pemilu.

"Sajaba ti kitu, nguatkeun kamampuan anggota tugas nyukseskeun pemilu jeung Pilkada Serentak 2024, Loyalitas NKRI, Dukungan Penanganan Kabencanaan, katu ngaronjatkeun kamampuan PHH, " ceuk Usman.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x