Pemkab Bandung Ngingetan Sangkan Masyarakat Iatna Nyanghareupan Pancaroba

- 6 November 2023, 11:02 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna dina kateranganana, Ahad (5/11/2023), cumeluk sangkan masarakat waspada dina nyanghareupan mangsa pancaroba.
Bupati Bandung Dadang Supriatna dina kateranganana, Ahad (5/11/2023), cumeluk sangkan masarakat waspada dina nyanghareupan mangsa pancaroba. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ayeuna geus mimiti asup parobahan usum atawa pancaroba. Ku kituna Pamarèntah Kabupaten Bandung ngingetan masyarakat sangkan iatna dina myanghareupan cuaca ekstrem.

"Cuaca ekstrem ageung kamungkinan kajantensn salami periode gentosna usum (pancaroba). Arah angin nebak kacida variasi sahingga ngabalukarken kaayaan cuaca tiasa robih ngadadak tina panas kana hujan atanapi sabalikna," ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna dina kateranganana, Ahad (5/11/2023).

Bupati Bandung nètèlakeun, potensi cuaca ekstrem, nyaèta hujan leubeut waktuna singket dibarengan guludug jeung tatit, tur angin tarik, angin lilimbungan katut hujan es.

Baca Juga: Ngaluhan Ngadu Gagasan Bacalon Ketua PWI Kadiskominfo Kabupaten Bandung Siap Rukun Gawè

"Balukar periode peralihan musim (pancaroba), nimbulkeun cuaca ekstrem, saperti angin lilimbungan,, hujan es, sareng tatit . Tiasa ngaruksak di area sabudeureunana. Tiasa kahuruan ku samberan tatit , atanapi bangunan ruksak, tatangkalan runtuh, taneuh urug, gagal panen sareng caah," ceuk Dadang Supriatna.

Hal sarua ditètèlakeun Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama.

Uka Suska nambahkeun cicirèn periode peralihan musim (pancaroba) nyaèta kabentuk mèga comulonimbus.
ciri-cirina mèga comulonimbus tèh ceuk Uka mucunghul isuk-isuk maju ka beurang, wujudna siga kembang engkol, kelina seremu abu-abu kalawan sisina jelas.
Kasorènakeun, ieu mega comulonimbus tèh kelirna jadi hideung tur nyababkeun hujan, tatit jeung angin.

Nu kudu dilakukeun masarakat, ceuk Uka nyaèta mitigasi pancaroba ti anggalna, ku mariksa jeung meresihan drainase pikeun ngantisipasi caah, waspada urug pikeun nu dumuk di pasir, lamping jeung pagunungan, waspada jalan leueur jeung panènjo kawates nalika keur tutumpakan kandaraan.

Baca Juga: Geus Kampanye? Caleg DPR RI Bubulusukan ka Lembur Sawahlega Kabupaten Bandung Narima Bangbaluh Warga

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah