Geus Kampanye? Caleg DPR RI Bubulusukan ka Lembur Sawahlega Kabupaten Bandung Narima Bangbaluh Warga

- 3 November 2023, 20:00 WIB
Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Sania bubulusukan ka lembur Sawahlega Desa Cinanggelan Pacet Kabupatem Bandung narima bangaluh warga.
Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Sania bubulusukan ka lembur Sawahlega Desa Cinanggelan Pacet Kabupatem Bandung narima bangaluh warga. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Calon Anggota Legislatif (Caleg) DPR RI Siti Tuti Susilawati nenehna Sania bubulusukan ka lembur Sawahlega, pernahna ka warga RT 04 RW 0 6, Desa Cinanggela Kecamatan Pacet Kabupaten Bandung, Jum'aah ( 3/11/2023).

Di tempat eta lembur, ieu Caleg ti Perindo dibagèakeun ratusan warga. Komo deui Sania diwanohkeun ka warga ku Yusuf Suprihadin, salasahiji tokoh satempat nu ogè caleg DPRD Kabupaten Bandung ti partai nu sarua.

Sania ngahaleuangkeun sababaraha tembang nu kungsi hit di mangsana. Sania ogè nyumponan lagu pamènta ti warga. Basa Sania mawakeun lagu dangdut jeung lagu Sunda " Domba Kuring", warga jararogèd.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Samèmèh Sania ngahaleuang, inyana narima warga nu nepikeun bangbaluh usahana hayang ngaronjat. Aya nu usaha nyieun kaolahan ranginang, kiripik, jeung opak. Aya ogè nu buburuh ngaput bonèka, katut nu tani.

Salasaurang parakin boneka, Emilia Nurlaela nu ti samprak sasalad korona dieureunkeun gawè ti pausahaan garmen miharep ka Sania bisa malirè. Inyana jeung pangrajin nu sèjènma ngadungakeun Sania tinekanan jadi anggota DPR RI tepi ka engkè bisa merjuangkeun masarakat.

Bubulusukanana Sania dibatengan ku Ketua DPD Partai Perindo Kabupaten Bandung Rostiaana. Inyana miharep Sania bisa jadi anggota DPR RI, kitu deui Suprihadin ngajadi anggota DPRD Kabupaten Bandung sangkan bisa merjoangkeun aspirasi masarakat Desa Nanggelan hususna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah