Menteri ATR/BPN Hadi Tjahjanto Ngarojong Percepatan Sertifikasi Aset PWI di Daerah

- 29 Oktober 2023, 10:33 WIB
Menteri ATR/BPN Hadi Tjahjanto (kaopat ti kénca) digédéngan ku Ketua PWI Hendry Ch Bangun (katilu ti kénca).*   
Menteri ATR/BPN Hadi Tjahjanto (kaopat ti kénca) digédéngan ku Ketua PWI Hendry Ch Bangun (katilu ti kénca).*   /Humas PWI Pusat/Galura/

 

 

 

GALURA.CO.ID. - Menteri Agraria dan Tata Ruang/Badan Pertanahan Nasional (ATR/BPN) Hadi Tjahjanto ngarojong aset lahan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) di sakuliah Indonesia pikeun dikuatan ku hak milik sah dina ngajaga hak-hak organisasi.

Hadi nétélakeun, Kementrian ATR/BPN siap ngabantu PWI dina sertifikasi aset, utamana PWI téh organisasi wartawan profesional pangkolotna di Indonesia anu boga peran penting dina nepikeun informasi ka masarakat.

“Kementrian ATR/BPN siap ngabantu kanggo mastikeun aset lahan PWI ngagaduhan hak milik sah. Dugikeun saénggalna, urang buka komunikasi kanggo ngagancangkeun kaabsahanana,” ceuk Hadi Tjahjanto dina audiensi Ketua PWI Pusat Hendry Ch Bangun, Sekjen Sayid Iskandarsyah, jeung Sekrétaris Bidang Aset Syaiful Amri, Senén, 23 Oktober 2023.

Baca Juga: Mieling Hari Sumpah Pemuda Ka-95, Kodim 0617 Majalengka Gelar Upacara Bendera

Numutkeun Hadi, penting pisan pikeun mastikeun aset lahan PWI boga hak milik anu sah. Éta téh, cenah, pikeun ngarojong PWI dina ngajalankeun organisasi di tingkat pusat jeung daerah.

“Dina prosesna, Kementrian ATR/BPN baris maparin bantuan ka PWI dina proses nguatan legalitas kapamilikan aset lahan. Koordinasikeun langsung sareng Kanwil katut Kantor Pertanahan supaya sertifikasi aset PWI tiasa gancang diungkulan luyu sareng aturan," ceuk Hadi anu dibarengan ku Sekjen Kementerian ATR/BPN, Suyus Windayana jeung Staf Ahli Menteri ATR/BPN Yulia Jaya Nirmawati.     

Hadi ogé ngusulkeun ka PWI pikeun ngalakukeun pencatatan tanah di Kantor Pertanahan di masing-masing daerah. Kaasup nganyaran sertifikat tanah lamun geus kadaluwarsa.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x