Nyinglar Kasus Pencabulan, Kapolres : Kudu Ngaronjatkeun Pangawasan

- 23 Agustus 2023, 13:07 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, keur mere katerangan ka para wartawan, patal kasus pencaulan, di Mapolres Kuningan, Salasa, 22 Agustus 2023.
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, keur mere katerangan ka para wartawan, patal kasus pencaulan, di Mapolres Kuningan, Salasa, 22 Agustus 2023. / mer/e katerangan ka para wartawan,

GALURA-Salila dua poe, Polres Kuningan ngungkab dua kasus pencabulan anu ngabaluarkeun korban. Anu hiji  kajadinana di wewengkon Kecamatan Pasawahan, hiji deui di wewengkon Kecamatan Cibingbin.


Anu matak ngenes teh korban boh di wewengkon Kecamatan boh Kecamatan Cibingbin, budak umurna tacan manjing sawawa.

Budak anu jadi korban di Kecamatan Pasawahan, umurna 7, 8 jeung 9 taun. Ari palakuna saurang lalaki inisial R (52), tatangga korban.


Leuwih ngenes deui, korban pencabulan di wewengkon Kecamatan Cibingbin, anu jadi koranna teh budak umur 6 taun, tuna rungu jeung tuna wicara. Ari palakuna inisial W (32), sarua eta oge tatangga korban.


Patali eta hal, Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian, ngelingan masarakat pikeun ngaronjatkeun pangawasan sapopoe di saudeureun imahna sewang-sewangan. Pon kitu deui guru di lingkungan sakola sewang-sewangan.


Eta hal, ceuk Willy, pikeun nyinglar kajadian anu henteu dipiharep, utamana kasus pencabulan. Ku kituna kolot jeung guru kudu ngaronjatkeun pangawasan budak di lingkungan sewang-sewangan.

 

‘Sim kuring neda bantosan para sepuh murangkalih, guru-guru kanggo ngaronjatkeun pangawasan murangkalih di lingkungan sewang-sewangan, boh di bumi boh di sakola,’ ceuk Willy.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x