PWI Jabar Ngagelar UKW, Ridwan Kamil: Warga Miskin di Jabar Jumlahna Ngurangan

- 22 Juli 2023, 19:20 WIB
Ketua PWI Jabar, Hilman Hidayat, masrahkeun Penghargaan Darma Saharsa Utama ka Gubernur Jabar, Ridwan Kamil.*
Ketua PWI Jabar, Hilman Hidayat, masrahkeun Penghargaan Darma Saharsa Utama ka Gubernur Jabar, Ridwan Kamil.* /PWI Jabar/

Naon anu diungkabkeun ku Ridwan Kamil sual keberhasilan Jabar téh, diungkabkeun dina kagiatan roadshow UKW angkatan 64 – 65 nu diayakeun ku Pangurus PWI Jabar salila dua poé, Rebo-Kemis (19-20/7/2023), di Ballroom Hotel Aston Cirebon. Éta UKW téh diiluan ku leuwih ti 60 wartawan sa-Wilayah III Cirebon.

Dina kagiatan anu langsung dibuka ku Gubernur Jabar, Ridwan Kamil, téh Pangurus PWI Jabar ogé sakalian méré penghargaan ka ieu Gubernur anu loma disebut Kang Emil. Éta penghargaan téh nyaéta Penghargaan Darma Saharsa Utama, minangka inisiator program 1.000 UKW di Jabar.

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jabar, Hilman Hidayat ngaaprésiasi kana program 1.000 peserta UKW sa-Jabar. Numutkeun Hilman, ayeuna roadshow program 1.000 peserta UKW téh justru ditarurutan ku daérah séjénna. Éta téh, cenah, tangtuna henteu lésot tina peran penting jeung bantuan Gubernur Ridwan Kamil anu salila ieu raket naker jeung kalangan média.

Baca Juga: Paguyuban Pasundan Ngadegkeun Balai Pelatihan keur Ngaronjatkeun Ekonomi Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi III Juli 2023, Ritual 1 Suro di Tatar Sunda

"Pa Gubernur tos némbongkeun hal anu esensial. Anjeunna miduli pisan kana kualitas wartawan. Ahirna provinsi Jabar kersa ngabantos ieu program, sarta wartawan anu badé ngiring UKW henteu dipulut waragad alias haratis," ceuk Hilman.

Hilman teu ngabibisani, teu kurang ti 2 rébu pausahaan media sumebar di Jabar, sedengkeun jumlah wartawanna ngahontal 10 rébuan. Tina jumlah sakitu téh, ngan saeutik anu bisa lulus UKW jeung kaverifikasi Dewan Pers. Nya lebah dieu, ceuk Hilman, PWI boga kaleuwih dina ngurus kode etik jeung karaharjaan wartawan.

"Cohagna, Pa Gubernur téh kalintang ngabantosna ka para wartawan dina ngéngingkeun sertifikat UKW. Kitu deui, anjeunna gé kawilang sukses dina kapadulianana ngirangan angka kamiskinan di Jawa Barat," ceuk Hilman Hidayat.***

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah