Galura Edisi II Mei 2023, Ngalanglang Gunung Merapi jeung Putri Thailand di Selaawi Limbangan

- 9 Mei 2023, 10:55 WIB
Galura cetak edisi II Mei 2023 medal Rebo, 10 Mei 2023, eusina di antarana ngeunaan Gunung Merapi jeung Putri Thailand di Selaawi Limbangan Garut.
Galura cetak edisi II Mei 2023 medal Rebo, 10 Mei 2023, eusina di antarana ngeunaan Gunung Merapi jeung Putri Thailand di Selaawi Limbangan Garut. /Nanang S/Galura

GALURA –Galura cetak edisi II Mei 2023 medal Rebo, 10 Mei 2023, eusina di antarana ngeunaan pangalaman wartawan Galura waktu ngalanglang Gunung Merapi di Yogyakarta. Tulisan sejenna dina rubrik Nyukcruk Galur ngeunaan Putri Thailand nu ditundung ti nagrina tumetep di Selaawi Limbangan Kabupaten Garut.

Di Gunung Merapi Yogyakarta, wartawan Galura nembrakeun eusi hatena: manusa karek dibandingkeun jeung Gunung Merapi oge taya nanaonan, komo dibandingkeun jeung alam semesta. Dina Nyukcruk Galur, didadarkeun Putri Thailand nu ngadahup ka seuweuna patani Selaawi.

Salian ti tulisan ngeunaan Gunung Merapi Yogyakarta jeung Putri Thailand di Selaawi, tulisan sejenna: Horeng Jodo teh Deet dina rubrik Satukangeun Lalangse, nyaritakeun pangalaman hiji lalaki manggih jodo sanggeus sakitu taun ngaduda ditinggalkeun maot ku pamajikanana.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

Eta lalaki hariwangeun pamajikan anyarna teu nyaaheun ka anakna. Jodona urut pamajikan kapilanceukna, urut pamajikan anak uwa. Kapilanceukna teh tilar alatan kacilakaan lalulintas. Tacan boga budak. Nu matak nyaaheun pisan ka anak sampeuranana.

Tulisan sejenna dina rubrik Warna-warni: medar ngeunaan jalur kareta api Cipatat – Sukabumi nu ku warga mindeng dipake kareta wisata budaya. Jalur kareta api Cipatat – Sukabumi ngaliwatan torowongan Lampegan jeung Gunung Padang Cianjur.

Rubrik Milang Kori di antarana warta ngeunaan di Kabupaten Kuningan nu kiwari dibupatian ku Acep Purnama loba keneh warga nu miceun runtah ka walungan. Ngandung harti Bupati Kuningan tacan maksimal dina ngatik masarakat dina mikaheman lingkungan.

Dina rubrik Atikan aya warta komunitas Peka Majalengka ngareuah-reuah Hardikna jeung Hari Menggambar Nasional, 2 Mei, ngagelar ngalukis bareng dina kanvas nu panjangna 30 meter. Di Kabupaten Ciamis, dina mieling Hardiknas, Bupati Ciamis cumeluk sangkan ngagedurkeun sumanget Belajar Merdeka.

Baca Juga: Harti Peribahasa Sunda, jeung Ngalarapkeunana dina Kalimah

Rubrik Sastra midangkeun carpon Cika-Cika jeung Peutingna karya Emha Ubaidilah. Carnyamna: Nyusud Tapak Nazi, karya Aan Merdeka Permana. Tarucing cakra masih tetep midang nu udaganana salian ti ngasah uteuk oge ngawanohkeun budaya Sunda.

Dina rubrik Macangkrama dipidangkeun tulisan ngeunaan Haji Nena, nenehna Drs.H. Wisma Lesmana Indra Sadewa., M.MPd., M.Si., PhD., SH. nu kiwari jadi pupuhu SMA Pasundan 3 Bandung. Samemehna H. Nena sukses ngajaulkeun SMK Pasundan 4 Bandung jeung SMK Pasunda 2 Bandung.

Seniman reak nu make kostum Anoman waktu keur latihan luncak ka Walungan Citarum nu caina keur umpal-umpalan. Kabawa palid. Cenah mah eta senniman teh kasurupan tepi ka hayang kawas Anoman dina carta Ramayanan nu mampu ngaluncatan walungan.

Galura cetak sumebar di Jawa Barat. Anu meryogikeun Galura cetak tiasa nepangan agen koran Pikiran Rakyat (PR) atanapi sumping perwakilan PR nu aya di tiap kabupaten.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x