Camat Miharep, Palaku UMKM Warga Kutawaringin Dibèrè Rohang dina Hajat Internasional di Si Jalak Harupat

- 12 Maret 2023, 08:44 WIB
Camat Kutawaringin Asep Ruswandi.*
Camat Kutawaringin Asep Ruswandi.* /(SOPANDI. // Galura Pikiran Rakyat.com)

GALURA - Camat Kutawaringin Asep Ruswandi miharep, dina hajat internasional engkè palaku Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) warga kecamatan nu dipingpinna enya-enya diberè rohang sangkan maranèhanana bisa midangkeun hasil kamotèkaran UMKM-na.

Dina tangal 20 Mei tepi ka 11 Juni bakal digelar pertandingan Piala Dunia U 20. Ti 24  nagara atawa tim nu aub, sababaraha tim bakal matandang di Stadion Si Jalak Harupat.

Sedengkeun tanggal 2 tepi ka 11 Juli bakal digelar Festival Olahraga Rekreasi Masarakat Nasional (Fornas) VII.

Enya, Stadion Si Jalak Harupat di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung baris jadi tempat hajat tarap internasional jeung nasional di taun 2023 ieu.

Dina hajat ieu ditaksir kana 20.000 urang ti 34 provinsi di indonesia bakal ngadongdon Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

Ieu jadi potensi gedé pikeun ngahirupkeun paèkonomian warga Kabupaten Bandung, utamana di  sabudeureun Stadion Si Jalak Harupat.

"Engkè sapertos kumaha-kumahana kedah dipasihan arahan. Panginten palebah dieu Diskop UKM atanapi Disperindag, nu ngajèntrèkeun perkawis standar produk nu nyumponan kanggo tiasa midang. Upamina baè tawis soca (cindera mata), atanapi kaolahan. Ku margi apanan kelayakan UMKM bènten-bènten," ceuk Asep Ruswandi di kantorna, Kemis (9/3/2023).

Even internasional, Asep nuluykeun, diluyukeun ogè produk-produk nu bakal dipidangkeun."Stand-na sapertos kumaha, jadi perlu ogè aya binaan ti dinas nu patali,” pokna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x