Teu Kapahung ku Girimis, Komunitas Senam KISS Kabupaten Bandung Tetep 'Bedas', Aub Ngareuah-reuah HPN 2023

- 14 Februari 2023, 06:53 WIB
Keluarga Ibu-ibu Senam Sehat (KISS) aub dina acara HPN 2023 Kabupaten Bandung di Pangalengan.*
Keluarga Ibu-ibu Senam Sehat (KISS) aub dina acara HPN 2023 Kabupaten Bandung di Pangalengan.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Keluarga Ibu-Ibu Senam Sehat (KISS) Kabupaten Bandung milu aub ngareuah-reuah acara Hari Pers Nasional (HPN) taun 2023 di Kabupaten  Bandung.

Najan sapoèan girimis teu raat-raat, KISS tetep sumanget ngalakukeun Senam BEDAS di wana wisata Carita Alam, Pangalengan, Ahad, (11/2/2023).

Kepala Desa Margamukti H. Odang ngarojong ieu kagiatan, sok komo ieu kagiatan téh digelar di désa nu dipingpinna. Inyana ngawilujengkeun HPN ka-28 tur milangkala ka-77 PWI jeung  ka para peserta senam KISS minangka pelaksana Senam BEDAS nu milangkala ka-4.

Pangurus PWI Kabupaten Bandung Apih Igun  nganuhunkeun ka sakumna nu ngarojong ieu acara.

"Hatur nuhun ka  pangurus  PWI Kabupaten Bandung,  owner Keday Baraya Bunda, Margahayu, Pa Cecep sareng Bunda Ida, Pa H. Odang,  Kades Margamukti, Direksi Bank BPR Kerta Raharja, pinca KPO sareng Pangalengan. Teu hilap ka Setda ngalangkungan Kabag Umum Pemkab Bandung sareng komunitas Senam KISS, dugi ka ieu acara lumangsung sukses," ceuk Igun.***

Baca Juga: Ku 7000 Mahasiswa Telkom University, Jadi Potensi Gede pikeun Numuwuhkeun Paekonomian Warga Desa Sukapura

Baca Juga: Dina HPN 2023, IKWI Jabar Ngahadiran Silaturahmi Nasional pikeun Mantengkeun Kakulawargaan Pers Indonesia

Baca Juga: Putri Anjungsari (27). Prajurit Cirebon nu ngakaya Hasan Ditenung, Warung jeung Sabudeureunana Disumputkeun

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah