Ku 7000 Mahasiswa Telkom University, Jadi Potensi Gede pikeun Numuwuhkeun Paekonomian Warga Desa Sukapura

- 14 Februari 2023, 06:46 WIB
Ganjar, Kepala Desa Sukapura, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung.*
Ganjar, Kepala Desa Sukapura, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA -  Ayana Telkom University di Desa Sukapura, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, jadi potensi nu luar biasa pikeun numuwuhkeun paékonomian warga sabudeureunana.

Kepala Desa Sukapura Ganjar nètèlakeun, kana 7000 sataun mahasiswa Telkom University nganjrek di Desa Sukapura bisa ngalantarankeun mekarna paékonomian warga.

"Paékonomian warga tiasa ngaronjat ku cara dirojong atanapi ngahirupkeun UMKM, " ceuk Ganjar basa tas ngaluuhan reses salah sahiji anggota DPRD Kabupaten Bandung di désana, Senén (13/2/2023).

Ku kituna inyana miharep ka anggota dewan, tina sababaraha aspirasi nu ditepikeun ku wargana bisa diutamakeun dina palebah pangembangan ekonomi.

"Nyuhunkeun diutamikeun bantuan pangembangan paékonomian. Margi, Desa Sukapura wewengkonna alit, mung 197,28 hektare, janten kanggo jalan kabupaten kantun sakedik deui, kirang langkung 300 méteran, jalan lingkungan sakinten. Nu utami diperyogikeun, kumaha sangkan potensi desa tiasa mekar, " ceuk Ganjar.***

 Baca Juga: Cianjur Kungsi Jadi Puseur Kopi di Priangan Nalika Dipupuhuan ku Bupati Aria Wiratanu

Baca Juga: Dina HPN 2023, IKWI Jabar Ngahadiran Silaturahmi Nasional pikeun Mantengkeun Kakulawargaan Pers Indonesia

Baca Juga: Putri Anjungsari (27). Prajurit Cirebon nu ngakaya Hasan Ditenung, Warung jeung Sabudeureunana Disumputkeun

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah