Gelaring Deteksi Nyegah Kanker Leher Rahim jeung Kanker Payudara ku IVA Test tur Sadanis 2023 Kota Cimahi

- 8 Februari 2023, 16:00 WIB
Panglayan deteksi nyegah kanker leher rahim jeung kanker payudara ku IVA Test tur Sadanis 2023 Dinas Kesehatan Kota Cimahi./ Dok. Dinkes Kota Cimahi
Panglayan deteksi nyegah kanker leher rahim jeung kanker payudara ku IVA Test tur Sadanis 2023 Dinas Kesehatan Kota Cimahi./ Dok. Dinkes Kota Cimahi /

Anapon di Kota Cimahi, lian ti ngaronjatkeun kasadaran masarakat geusan miduli ngadalikeun kanker leher rahim jeung kanker paudara ku cara IVA Test jeung Sadanis, oge ngaronjatkeun kawaspadaan ku ngalarapkeun pola hirup sehat (CERDIK).

Baca Juga: MGMP Basa Indonesia Ngaronjatkeun Mutu Pembelajaran

Program nyegah jeung ngungkulan kanker leher rahim katut kanker payudara di Kota Cimahi teh dilakonan sagemblengna ngawengku primer, sekunder, sarta tersier kalawan notog kana usaha makihikeun masarakat tur ngaping nu katarajang tepi ka fase terminal.

Dina panglayan deteksi dini kanker leher rahim jeung kanker payudara ku cara IVA Test sarta Sadanis teh nu jadi sasaran nyaeta awewe usia subur 30-50 taun nu geus nikah di 15 kalurahan sa-Kota Cimahi, kalawan 100 urang di sakur kalurahan.

Ku ayana kagiatan deteksi dini kanker leher rahim jeung kanker payudara ku cara IVA Test sarta Sadanis di Kota Cimahi, dipiharep usaha nyegah katut ngungkulan kanker teh bisa pas kana sasaran kalawan strategi nu luyu jeung standar. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah