Sahrul Gunawan rek Dicalonkeun Bupati Bandung, Elektabilitasna Hade, Dadang Supriatna Kumaha?

9 April 2024, 10:02 WIB
Baliho Sahrul Gunawan di sisi jalan. Sahrul Gunawan ku Golkar dicalonkeun Bupati Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sahrul Gunawan ditugaskeun ku DPD Golkar Propinsi Jawa Barat pikeun jadi Bupati Bandung dina Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada)  27 Nopember 2024 engkè.

Ketua Harian DPD Partai Golkar Kabupaten Bandung, H.Yanto Setianto nyebutkeun diusulkanana Sahrul Gunawan jadi Bupati Bandung dumasar surat Nomer B-38/ GOLKAR/III/2024 tanggal 30 Maret 2024.

"Janten Pa Sahrul Gunawan tèh diusulkeun ku DPD Golkar Provinsi Jawa Barat ka DPP Golkar. Tos lungsur serat ti DPP nu ngesahkeun usulan bieu," ceuk H. Yanto basa ditepungan Galura, Senin, 8 April 2024.

Baca Juga: Dituding Murang-Maring Pedah Gagal Nyaleg, Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung Mecatan Pimpinan Kacamatan

Ceuk Kang Yanto, nenehna ieu legislator Golkar 3 periode,  dipilihna Sahrul Gunawan sabab elektabikitasna luhur dumasar paniten Partai Golkar.

"Ieu nembè paniten Partai Golkar. Engkè dina sasih Juli 2024 badè diayakeun survey langsung ka masyarakat Kabupaten Bandung. Boh elektabilatasna boh popularitasna, sareng sajabina, " ceuk Yanto.

Mairan ka pihak-pihak nu meunteun karier politik Sahrul Gunawan tèh ayeuna geus rada melempem, da mangsa gumilangna mah waktu Sahrul munggaran manggung jadi wakil bupati marengan Dadang Supriaatna dina Pilkada 2019, ceuk H. Yanto, nu meunteun kitu teh biasana para politisi.

"Nya kitu politisi di Indonesia mah. Upami teu tiasa nanjungkeun dirina atanapi nu dijagokeunana  nya tiasana ukur ngawonkeun lawan, " pokna.

Baca Juga: Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan Apresiasi Kemenag nu Ngagaungkeun Kerukunan Umat Beragama

Memang, Sahrul lain murni kader Golkar jeung teu militan. Ngan, ceuk Yanto, hal ieu lain pasualan murni atawa militan.

"Eta sanès prinsip. Nu penting saparantos dicalonkeun ku Golkar inyana terang kana purwadaksi, nu ngaageungkeunana tèh Partai Golkar, dugi ka ngawawangi ngaran Golkar sareng nambih positif kanggo Partai Golkar," tandes Yanro.

Ceuk H.Yanto, militan ti Golkar teu jaminan ngamajukeun Golkar. "Contona Bupati DS, inyana tèh militan ti Partai Golkar tapi ku margi sababraha pasualan inyana ngalih ka partey sanès. Bajuang kanggo partai enggalna tur hasi janten partai mayoritas di Kabupaten Bandung. Tapi simkuring salut sareng apresiasi ka pribadi nu kitu, " pokna.

Iwal ti Sahrul Gunawan nu ayeuna ngajabat Wakil Ketua DPD Golkar Provinsi Jawa Barat jeung Wakil Bupati Bandung 2019-2024, aya ogè ngaran sèjènna nu diusulkeun jadi Bupati Bandung: Sugianto nu ayeuna nyangking jabatan Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung jeung Ketua DPRD Kabupaten Bandung 2019-2024.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler