Desa Wisata Bantaragung Kabupaten Majalengka Juara 2 ADWI 2023 Kategori Digital dan Konten Kreatif

29 Agustus 2023, 11:52 WIB
Desa Wisata Bantaragung Kecamatan Sindangwangi Kabupaten Majalengka, Jawa Barat, nyangking Juara 2 ADWI 2023 kategori Digital dan Konten Kreatif. /Ayank R Sambara/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Desa Wisata Bantaragung di Kecamatan Sindangwangi Kabupaten Majalengka, Jawa Barat, nyangking Juara 2 ADWI 2023 (Anugerah Desa Wisata Indonesia) kategori Digital dan Konten Kreatif.

Desa Wisata Bantaragung nampa pangajen ADWI 2023 kategori Digital dan Konten Kreatif ti Kementerian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Republik Indonesia (Kemenparekraf RI), Ahad peuting (27/08/2023).

Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M. M.Pd., nyebutkeun pangajen ADWI 2023 kategori Digital dan Konten Kreatif keur Desa Wisata Bantarujeg bukti nyata inovasi jeung kreativitas dina motekarkeun desa wisata kawilang penting.

Baca Juga: Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

"Desa Wisata Bantaragung tos masihan conto tuladan nu hade kangge desa-desa sanesna dina ngoptimalkeun potensi nu salasawiona ngamangpaatkeun platform digital," ceuk Bupati Majalengka, Senen (28/08/2023).

Bupati Majalengka nitenan prestasi nu dicangking ku Desa Wisata Bantaragung teu jauh tina inovasi jeung tarekah dina ngamotekarkeun konten digital nu kreatif pikeun ngarojong sektor pariwisata.

"Ngalangkungan teknologi sareng media sosial, ieu desa wisata nu aya di Kecamatan Sindangwangi ieu ngirut wisatawan ku konten-konten kreatif nu ngagambarkeun kaendahan alam, kabudayaan, sareng potensi wisata sanesna," ceuk Bupati Majalengka.

Bupati Majalengka meunteun Desa Wisata Bantaragung geus jadi conto dina ngamangpaatkeun teknologi informasi ku cara nyieun konten kreatif nu dampakna positif pisan pikeun tumuwuhna sektor pariwisata di daerah,

Baca Juga: Gunung Guntur, nu Dipedar dina Tradisi Lisan

"Simkuring ngawilujengkeun ka Desa Wisata Bantaraagung nu parantos nyangking juara kadua dina ADWI 2023 kategori Digital dan Konten Kreatif," ceuk Bupati Majalengka.

Hal nu sarua diungkabkeun ku Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, prestasi Desa Wisata Bantarujeg dina ajang ADWI 2023 alatan program desa wisata dirojong ku sakumna warga Majalengka. Di antarana ngavote ti tanggal 21 nepi ka 25 Agustus 2023 di akun youtube Kemenparekraf.

"Alhamdulillah oge hatur nuhun ka sakumna pihak hususna ka sakumna masarakat Majalengka nu ngiring partisipasi masihan rojongan kangge Desa Wisata Bantaragung," ceuk Wabup Tarsono.

Disebutkeun Tarsono, nyangking ADWI 2023 teh hasil gawe rancage jeung sumanget gotong-royong masarakat Majalengka dina ngarojong daerah sangkan ngahaul ka tingkat nasional.

Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) H. Ida Heryani, netelakeun Desa Wisata Bantaragung mibanda pangirut nu luar biasa. Pernahna di tutugan Gunung Cereme. Pamandangan alamna endah, dieuyeuban ku potensi wisata lianna.

Baca Juga: Sasakala  Daun Pulus Jadi Merang, Asalna tina Peurah Oray Sanca

"Kaendahan alam nu teu aya tandinganana janten magnet kangge wisatawan nu milari katengtreman nutebih ti karamean kahirupan pakotaan," pokna.

"Masarakat Desa Wisata Bantaragung satekah polah ngajagi, ngamumule sareng motekarkeun potensi wisata nu aya di desana," ceuk Kadis Parbud Majalengka.

Salian alam nu matak ngirut, ceuk Kadis Parbud, Desa Wisata Bantaragung oge ngamumule budaya jeung kaarifan lokal. Wisatawan nu nganjang teu ngan saukur ngarasakeun kaendahan alam, tapi oge boga kasempetan pikeun diajar ngeunaan adat istiadat jeung kahirupan sapopoe masarakat.

Rojongan nu tohaga ti pamarentah daerah oge jadi salahsahiji paktor konci pangna Desa Wisata Bantaragung nyangking juara kadua Desa Wisata Terfavorit dina ADWI 2023.

Baca Juga: Gunung Wayang, Tempat Datangna Angin Para Déwa

Pemkab Majalengka ngarojong pisan, ngabangun infrastruktur jeung fasilitas pangrojong pariwisata di Desa Wisata Bantaragung. Jalan-jalan leucir, jeung akomodasi nu merenah.

Prestasi Desa Wisata Bantaragung oge bakal mere dampak positip pikeun paekonomian lokal, jumlah kunjungan wisatawan bakal leuwih ngaronjat.

Kadis Parbud Majalengka nyebutkeun masarakat Desa Wisata Bantaragung dilatih jeung diaping ngeunaan pelayanan pariwisata nu hade. Ku kituna masarakat bisa mere pangalaman nu teu bisa dipohokeun pikeun sakumna wisatawan.

Dilelerna Desa Wisata Bantaragung juara 2 ADWI 2023 kategori Digital dan Konten Kreatif dipiharep jadi inspirasi pikeun desa-desa wisata lianna nu aya di Kabupaten Majalengka dina ngamajukeun tur ngapromosikeun potensi wisata nu dipibanda Kabupaten Majalengka. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler