Kirab Budaya jeung Jalan Sehat nu Bakal Digelar di Majalengka Diklaim Pamilonna Welasan Rebu

21 Juli 2023, 10:03 WIB
Relawan Network for Ganjar Presiden bakal ngagelar kirab budaya jeung jalan sehat di Lapangan GGM Majalengka Ahad, 23 Juli 2023. /

GALURA – Relawan Network for Ganjar Presiden bakal ngagelar kirab budaya jeung jalan sehat di Lapangan Gelanggang Generasi Muda (GGM), Majalengka, Ahad, 23 Juli 2023.

Dina ngagelar kirab budaya jeung jalan sehat di GGM Majalengka, Relawan Network for Ganjar Presiden gawe bareng jeung komunitas “Kolaborasi Pemuda Majalengka.”

Dina kirab budaya jeung jalan sehat di Majalengka nu digelar Relawan Network for Ganjar Presiden, oge digelar lomba senam aerobik kreasi nu diiluan 25 kelompok senam katut rebuan pesenam.

Baca Juga: Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

Baca Juga: Majalengka Nganggarkeun deui Dana Hibah Daerah, Taun Ayeuna Lembaga Kegamaan jeung Pasantren Meunang 4 Milyar

Baca Juga: Polres Majalengka Ngamusnahkeun Barang Bukti Narkotika Golongan 1 Jenis Sabu jeung Ganja

Ceuk Wakil Ketua Panyalagra nu oge Ketua DPD Taruna Merah Putih, Niko Rinaldo, kagiatan kirab budaya jeung jalan sehat di Kabupaten Majalengka oge bakal digelar pameran UMKM sarta bazar pangan keur masarakat Majalengka.

“Dina kirab budaya bakal mintonkeun euyeubna kesenian daerah sapertos kuda renggong, burok, pencak silat, sampyong jeung sajana. Sadaya grup kesenian ti tiap daerah nu aya di Kabupaten Majalengka," ceuk Niko.

Niko nyebutkeun tujuan digelarna kesenian daerah, salian ngahibur masarakat Majalengka oge nyadiakeun panggung ka sakumna seniman nu aya di Majalengka.

Disebutkeun Niko, Relawan Network for Ganjar Presiden daria dina ngahirupkeun kesenian daerah, rea grup kesenian nu geus arang makalangan di masarakat milu diaubtkeun.

“Alhamdulillah, ti data nu tos kakempel tos aya 15 rebu pamilon nu bakal hadir ngiringan kagiatan. Di antawisna pamilon senam, jalan santain nu ngeusian acara parade seni budaya, ” ceuk Niko nu kiwari jadi caleg asal daerah pemilihan Subang – Majalengka – Sumedang.

Masih ceuk Niko, kagiatan nu sarua kungsi digelar di sajumlah kabupaten kota lianna, saperti Kabupaten Subang nu kawentar ku kesenian singa depokna, Kota Bandung jeung Kota Bogor sababaraha waktu ka tukang.

Relawan Network for Ganjar Presiden, ceuk Niko, jejerna “Parade Budaya Memperkuat Kebinekaan.”

Ketua Steering Comite, Sabungan Simatupang nyebutkeun, dina acara kirab budaya jeung jalan sehat, rencana bakal dihadiranku Ono Surono Ketua DPD PDI Perjuangan Jawa Barat, Maruarar Sirait (Bang Ara), Inisiator Relawan Network for Ganjar Presiden nu geus jadi anggota DPR RI lilana 15 taun ti Dapil Subang - Majalengka – Sumedang.

Lian ti eta, Ivan Sadik Ketua IKA Universitas Parahiyangan jeung Ketua DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Karna Sobahi.

“Dipihatep ieu kagiatan teu mung janten hiburan masarakat, mintonkeun kesenian nu ampir tilem. Ku euyeubna masarakat di GGM bakal nanjeurkeun paekonomian sacara riil. Di GGM engke bakal loba padagang,” ceuk Sabungan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler