RANS Nusantara vs Persib Bandung, Prediksi jeung Link Live Streaming, Kick Off 15. 00 WIB

19 Februari 2023, 14:18 WIB
Prediksi Persib vs RANS, link live streaming/persib.co.id /

GALURA - Persib Bandung diprediksi atawa ditaksir bakal unggul nalika adu hareupan jeung tuan rumah RANS Nusantara di Stadion Pakansari Cibinong, Kabupaten Bogor, Minggu 19 Pebruari 2023 jam 15.00 WIB ayeuna.

Nurutkeun Yandi, hiji bobotoh asal Jatinangor, Sumedang, saeutikna aya dua alesan, pangna Persib ditaksir bakal unggul ti RANS Nusantara.

"Hiji di antarana, dina puteran kahiji, Persib unggul," pokna.

Baca Juga: Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

Baca Juga: Cek Luils Milla Persib Rek Dievaluasi Malar Mangprang Nalika Tandang dina 11 Laga nu Bakal Datang

Baca Juga: Direktur PT PERSIB Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono : Kualitas Wasit kudu Dironjatkeun

Jeung enyana, basa Persib jadi tuan rumah puteran kahiji ngalawanan RANS di Stadion GBLA, Persib harita meunang.

Nalika adu hareupan jeung RANS harita, Persib karek dimimitian dilatih ku Luis Milla.

"Ari nu kaduana, dina klasemen ge Persib jeung RANS tebih bentenna," pokna deui.

Baca Juga: Sakola-Sakola nu Ngadeg di Bandung jeung Wewengkon Sejen Mangsa Walanda, Aya HIS jeung MULO

Nurutkeun data, Persib ayeuna aya dina urutan katilu klasemen di handapeun PSM Makassar (kahiji) jeung Persija Jakarta (kadua).

Sedengkeun RANS Nusantara mah ayeuna aya dina urutan ka 18. Poinna 17, tina hasil 3 kali meunang, 8  geded jeung 13 eleh.

"Tah eta margina, Persib ayeuna ditaksir bakal unggul," cek Yandi deui.

Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

 

Sakumaha anu kabaca di persib.co.id, palatih Persib Luis Milla oge miharep Persib unggul, sabada ningali performa RANS ayeuna.

Najan kitu, Luis Milla miharep Persib ulah nganggap enteng lawan.

"Sanajan cek kamandang Persib moal sesah ngelehkeun RANS, Persib mah ulah nganggap enteng lawan. Persib tetep kedah maen sae sareng maksimal," cek Milla.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

 

Yandi nyabutkeun, Persib memang kudu meunang. Mun meunang, Persib bisa nerekel ka urutan dua, ngadeukeutan PSM Makassar nu kiwari di posisi kahiji.

Ieu link live streaming RANS vs Persib Bandung:

>>>LINK LIVE STREAMING<<<.

Wilujeng nongton!***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler