Nu Kabawa Cai Walungan Citanduy Basa Neangan Bayawak di Banjar, Kapanggih Jadi Layon di Bendungan Manganti

21 Januari 2023, 15:15 WIB
Tim SAR basa keur maluruh dua korban tilelep di Citanduy/Instagram @basarnas_jabar /

GALURA - Adi Mulyana jeung Héris Sanjaya, dua warga Pataruman, Kota Banjar, Jawa Barat nu tilelep jeung kabawa palid di Walungan Citanduy Kota Banjar téh kapanggih ku Tim SAR Gabungan.

Kapanggihna lain di wewengkon Kota Banjar, tapi di bendungan Manganti, Ciamis, kira 30 km ti tempat kajadian.

Ngan nya kitu, kapanggihna Adi Mulyana jeung Heris Sanjaya téh geus ngababatang jadi layon.

Baca Juga: Rek Néwak Bayawak, Dua Warga Pataruman Banjar Kabawa Cai Citanduy, Nepi ka Kiwari Can Kapanggih

"Muhun kapendakna tos janten layon," cek Komandan Tim Rescue Pos SAR Tasikmalaya, Bagus Prayogo, Saptu 21 Januari 2023.

Saméméhna diwartakeun yen Adi jeung Heris, katut tilu urang deui, nyaéta Hendri, Adit jeung Galang, kawas sasari moro bayawak (biawak) di walungan Citanduy.

Maranéhna, salila ieu memang remen pisan néangan bayawak di walungan Citanuduy, pikeun dijual.

Baca Juga: Hujan Ngagebrét tur Rohaka Jumaah Pasosoré Ngabalukarkeun Caah jeung Urug di Pakidulan Garut

Maranéhna gé remen meuntas walungan jeung ngojay, nepi ka geus wanoh kana sipat cai di Citanduy.

Ngan Kemis kamari mah tétéla Adi jeung Heris téh teu bisa majar kumaha. Gurat hirupna meureun geus kudu kitu.

Nurutkeun saksi, basa rék meuntas walungan, Adit labuh terus kabawa ku cai walungan Cintaduy nepi ka titeuleum.

Baca Juga: Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

Nénjo Adit kabawa cai nu keur meujeuhna umpal-umpalan, Héris gagancangan nulungan Adit ku cara ngojay.

Hanjakal tarékah Héris gagal. Batan hasil, manéhna gékalahka kabawa ku cai nepi ka ilangna.

 

Manganti

Nurutkeun Bagus Prayogo, sabada ngulikbek walungan Cintanduy salila tilu poé, Saptu subuh patugas tim SAR nampa beja di patugas bendungan Manganti.

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Patugas Manganti nyebutkan di bendungan ningali aya dua layon dina umpalan cai walungan.

Jauhna ti tempat kajadian ka Manganti téh (last knowns position), kurang leuwih 30 km.

"Nampi éta wartos, Tim SAR Gabungan langsung ka bendungan Manganti," cek Bagus.

Baca Juga: Nu Balantik Dodol Karanjang Imlék di Tasikmalaya jeung Banjar keur Meujeuhna Bungah, Pesenan Merul!

Sabada dipaluruh, disaruakeun ciri-cirina jeung nu leungit, kanyahoan, yén duanana memang Heris Sanjaya alias Eris jeung Ade Mulyana.

"Saterasna layon dicandak ka RSUD Kota Banjar," pokna.

 

 

Nurutkeun katerangan, Tim SAR nu néangan dua korban teh diwengku ku sawatara pihak.

Baca Juga: Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

Antarana waé Basarnas Bandung (Pos SAR Tasikmalaya), Polsek Pataruman, BPBD Kota Banjar, PMI Kota Banjar jeung ORARI Banjar Ciamis.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA

Tags

Terkini

Terpopuler