Mun kabeneran hujan poyan, cenah sok ngangin di Karang Gajah, sisi Samudra Hindia nu ombakna teu weleh motah.
Prajurit katut pawarangna, robah jadi Maung Sancang. Maung konéng udat-udat hideung, manjang (horizontal).
Maung Sancang beda jeung Maung Lodaya nu belangna coréléng ti luhur ka handap (vertikal).
Maung Sancang kajajadén prajurit Pajajaran téh darumukna dina rungkun-rungkun kai kaboa nu tumuwuh di basisir deukeut muara walungan nu ngamuara ka Laut Kidul (Samudra Hindia), kayaning Cijeruk, Cisanggiri, Ciparéang, jeung sajabana.
Nu kawenehan sok manggihan jalma kasép atawa geulis keur arulin sisi leuweung. Barang ngarasa katangén, sok ngiles atawa ngarupakeun deui maung.
Puguh wé nu kawenehan ngadadak soak. Ngabecir lumpat atawa ngayekyek kusah-koseh bari ngompol.
Carita kawénéhan nenjo maung kajajaden lain di Leuweung Sancang bae. Tapi di tempat-tempat séjén oge sok aya. Biasana maung kajajaden téh ngarupakeun nini-nini kolot.
Ngomongna ngirung. Ngélék boboko buntung. Biasana témpo sareupna keur hujan ngaririncik. Katelah adén-adén.
Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul
Ayeuna Leuweung Sancang, sarua jeung leuweung-leuweung gerotan sejenna di Tatar Sunda (Cikepuh Sukabumi, Bojongmanik Cianjur., Cipatujah Tasikmalaya, jsb), geus coréngcang.