Pangna dijulukan Sunan Haruman, duméh makamna di léngkob Gunung Haruman, Désa Cipareuan, Kecamatan Cibiuk, Kabupaten Garut.
Embah Wali jumeneng sajaman jeung Syékh Abdul Muhyi, Pamijahan, Kabupaten Tasikmalaya. Malah "saguru saelmu".
Ku kituna, nu jarah ka Sunan Haruman sok sapakét jeung jarah ka Pamijahan.
Dina nyebarkeun Islam, Embah Wali ngadegkeun masjid di pakampungan nu aya di tengah-tengah pilemburan sejenna. Ambéh gampang dijugjug ti ditu ti dieu.
Nepi ka ayeuna, patilasan masjid Embah Wali, katelah "Pasantrén Tengah".
Eusi dawah Embah Wali ngawengku pamahaman ngamalkeun élmu, kamajuan ékonomi, kaahlian nyieun kuliner sambel, jeung miara lingkungan.
Eta warisan dawah Embah Wali, natrat nepi ka kiwari. Réa santri teureuh Cibiuk, nu jadi kiyai jumhur tur mashur. Di antarana K.H. Drs Abdul Fatah Gazhali, S.H. alias Pa Totoh (1940-2000).
Pa Totoh dina dawahnya sok maké basa Sunda bae, nelah anjeunna “Ajengan Padésaan”, meureun dianggap basa Sunda dipakena di padesaan wungkul.
Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna