Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Sluip Door

15 Januari 2024, 20:15 WIB
Ilustrasi kaulinan barudak jaman baheula. /

GALURA.CO.ID -Dina jaman Hindia Belanda, di tatar Priangan, aya kaulinan barudak, nu katelah,  “Sluip Door,”” Zoondag Maandag,” ” Springtouw,” “Spel van De Knickers,” jsté. Kaulinan nu katelah “Sluip Door,” nu mangsa harita, nu maenna  murid-murid Kleuterschool (Taman Kanak-Kanak bangsa pribumi) jeung sakola HIS (Hollandsch Irlander Scool), sarua murid pribumi, satingkat jeung SD ayeuna,  bédana, pédah basa panganteurna, HIS mah, ngagunakeun basa Walanda.

Sluip Door, asup kana golongan kaulinan kelompok, boh barudak lalaki, boh barudak awéwé. Tah, mun di kalangan murid –murid Kleuterschool mah, nu mimpin kaulinan Sluip Door téh, guruna, biasana guru awéwé, ari di tingkat HIS mah, nu mimpin éta kaulinan, dua budak awéwé nu geus harideng, misalna nu geus dariuk di kelas opat, nu disebut Kakapiten, minangka kaptén-na, atawa dina basa Sunda mah, gegedugna. Ari anak buahna, ti mimiti kelas hiji, dua, nepi ka kelas tilu.

Posisi dua gegedug téh narangtung, pahareup-hareup, dua leungeunna diarangkat ka luhur, tuluy dirangkepkeun, ngawangun panto gerbang, atawa torowongan, luyu jeung jejer kaulinan, “Sluip ( dongko) Door” ( panto/ lawang), = “ Dongko ngaliwatan panto gerbang.” Ari barudak, lalaki-awéwé,  ngabaris ka tukang, bari dua leungeunna nyaekel kana taktak baturna nu di hareup.

Baca Juga: Ucang Angge Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Tingciripit jeung Ucang Angge

Éta barisan kudu ngurilingan tur arasup ka  handapeun  panto gerbang dua pasang  leungen para gegedug. Antayan barudak  ngarolong kana panto gerbang tina leungeun téh, tilu balikan, luyu jeung rumpaka tembang nu diharaleuangkeun ku dua gegedug, dina basa Walanda nu paséhat, kawas kieu unina:

Sluip door..! Sluip door.!. driemal.. driemal on de door..!de laatste wordt gevangen! (“Dodongkoan..! Dodongkoan..! Tilu kali..! Tilu kali..! Ngaliwatan handap! Nu pangpandeurina,  ditangkep!”  Tah lebah kecap  gevangen!  Atawa “ditangkep!” Opat leugeun para gegedug, gentak, diturunkeun, ngurungan, budak nu pangpandeurina, atawa meunang milih dua gegedug, bari méré kodeu, budak mana ku kapilih, rék ditangkep?

Tah, budak nu dikurungan téh pada marebutkeun ku dua gegedug. Sabab dina kaulinan Sluip Door, udaganna téh, paloba-loba balad. Enya, saha di antara gegedug nu panglobana meunang balad? Éta, nu dianggap meunang. Nyéta, tina jumlah budak nu dikurungan, nu engkéna di anggap jadi balad.

Carana, mun  budak katéwak  téh, salasaurang gegedug nanya, dina basa Walanda: “Anjeun milih béntang atawa bulan?” Panalék, “béntang?” atawa “bulan?” téh, sandi asma dua gegedug. Misalna gegedug, sebut wé,  ngaranna,  Éwi, sandi asmana, “béntang,” ari nu hiji deui, Téti, sandi asmana, “bulan.”

Baca Juga: Peuyeun Kroto ti Kabupaten Ciamis, Dijieun Piopat Poeeun Samemeh Jumaah Kaliwon

Ari budak, ngajawabna, milih ku nu cop kana haténa, maksudna, milih nu mana? Nu ku manéhna dianggap bageur atawa béréhan? Cohagna mah, tawanan moal milih,  nu judes. Upamana budak, ngucapken: “béntang!” Si budak, dileupaskeun, tuluy sina nangtung tukangeun  Éwi.

Barudak sakola désa gé, arulin Sluip Door. Tapi, maranéhna teu barisaeun basa Walanda, da lain murid Kleuterschool atawa HIS. Ngan, barudak padésaan gé, ari ngamaénkeun gerakan Sluip Door mah, babarieun, tuda ukur paantay-antay. Atuh, ngahaleuangkeun lagu Sluip Door, barisaeun deuih, da wirahmana parondok. 

Ngan, beu édas, lebah, ngéjah rumpakana nu dina basa Walanda, maranéhanna teu bisaeun. Tah, antukna, rumpaka dina tembang basa Walanda téh, robah, disaluyukeun jeung létah urang Sunda. Jadi kieu: “Slepdur..! Slepdur! Ki Mantri maan dedur! Delap depan.. depan .. deduuur! cenah. Kitu deui, murid-murid sakola désa di Jawa Timur, ngararobah rumpaka Sluip Door, jadi: “Slekdur..! Slekdur..! Trimantri dahar bubur…” jeung sajabana.

Antara kaulinan Sluip Door, Oray-Orayan, jeung Oray Naga, aya nu sarua, lebah makna rumpakana. Geura na rumpaka Oray - Orayan :”Oray-orayan.. Oray Naon?.. Oray Dipa! Dipa naon?... Dipandeuri..ri..! ri..! ri! cenah.

Na rumpaka Oray Naga: “Ular naga panjangnya, bukan kepalang, melingkar-lingkar kian kemari, umpan yang lezat, itulah yang dicari, ini dianya, yang dibelakang! Tilu kaulinan téh, sarua sasaranna, nyéta néwak budak  nu pandeuri.

Jadi saha  nu  kailhaman ti heula, naha Sluip Door? Nu nurutan Oray-Orayan jeung Ular Naga? Atawa, Oray-Orayan jeung Ular Naga,  nu kailhaman ku kaulinan Sluip door? Tacan jentre. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler