Gunung Kromong nu Sohor Tempat Pamujaan Bakal Sirna, Dirakrak ku Pabrik Semen

22 September 2023, 17:27 WIB
Gunung Kromong taun 1920-an, (foto: Tropenmuseum, Fotografer: Georg Friedrich Johannes Bley). /

GALURA CO.ID -Anu disebut Gunung Kromong di urang Sunda ti baheula tepi ka ayeuna teu weléh kakoncara jeung jadi catur. Gunung Kromong téh kasohor pamujaan, pasugihan nu kawentar ku buta héjona jeung nyupangna.

Cenah, aya kapercayaan mun hayang beunghar kudu munjung ka Gunung Kromong sarta ngéstokeun sarat-saratna. Teu beda jeung munjung ka Gunung Kawi cenah.

Gunung Koromong téh kumpulan puluhan gunung leutik atawa pasir nu ngagarunduk, panjangna moal kurang ti 30 kilométeran. Ti beulah Kalérna ti semet Désa Cupang, Ciwaringin, Kabupatén Cirebon tepi ka Désa Bobos beulah Kidul.

Baca Juga: Telenges, Kuntul oge Dibedil, Desa di Kabupaten Ciamis Perlu Nyieun Perdes Pelestarian Alam dan Lingkungan

Ti di dinya nyarigsig wates Majalengka di beulah wétanna, nu ngawengku Kacamatan Sumberjaya, Leuwimunding, Galuh Sadomas jeung Kacamatan Sindangwangi.

Dina babon carita ngadegna karajaan Rajagaluh mah, ieu gunung téh disebut Gunung Saptarengga nu boga tegalan tempat perangna paraputra Pajajaran nu nelah tegal Kurusétra."Gunung Saptarengga atawa ayeuna katelahna Gunung Kromong tempat nu kawilang penting.

Mémang najan leuwih kacatur tempat pasugihanana saenyana Gunung Koromong téh beunghar ku ajén sajarah nu can kaguar jeung kaimeutan ku parasajarawan Sunda.

Urang Cirebon jeung Majalengka percaya, ieu tempat téh bisa jadi cicirén tumpurna Karajaan Galuh Sadomas nu jadi cikal bakal sajarah Rajagaluh jeung sabudeureunana.

Baca Juga: Sapton, Olahraga Has Kabupaten Kuningan, Kungsi Dipake Ngarurug Rajagaluh

Sejarah Sunda

Boa aya tétélar (pakta) sajarah nu can kaungkab ngeunaan Karajaan Sunda di béh kalér, di lelwek Cirebon ayeuna. Informasi saheulanan aya kakantenganana jeung Karajaan Pajajaran saperti nu kungsi dicaritakeun ku Pustaka Caruban Nagari meunang nyusun Pangéran Arya Carbon (1786 Maséhi).

Di dinya di antarana disebutkeun pasukan Cirebon jeung pasukan Rajagaluh perang campuh tepi ka pasukan Cirebon nu dibantuan ku Demak jeung Kuningan ampir kasoran.

Tacan kungsi aya arkéolog atawa sejarawan nu nyoba-nyoba ngungkab titinggal sejarah di Gunung Kromong. Teu kungsi deuih kabéjakeun pamaréntah nangtayungan ieu lelewek sangkan teu digunasika.

Malah mah sabalikna, sabada ngadegna pabrik semén di Palimanan, ti taun 1990-an Gunung Kromong terus dirakrak.

Baca Juga: Sanggeus Cikawali Astana Gede Kawali Dibebenah, Ayeuna Dangiangna Kumaha?

Batu-batu gunungna dipaké bahan pikeun nyieun semén. Dimimitian ku ratana Gunung Macan nu kawentar ku sangetna Guha Lalay. Ti dinya Gunung Panjang, Gunung Pandawa, jeung Gunung Benderan.

Moal lila deui tulalé ratusan béko bakal ngarubuhkeun kajayaan mistis Gunung Guci atawa Gunung Kayas nu cenah mah guha pamujaan tempat ngancikna buta héjo téa.

Moal henteu, tempat nu dianggap karamat séjénna saperti patilasan Sunan Bonang jeung Syéh Magelung nu saban poé ramé pada ngadeugdeug ku nu nyekar atawa jarah, sarua bakal karampid ka karohakaan mesin-mesin pabrik.

Gunung Kromong hiji mangsa bakal tinggal ngaran, tinggal aya dina buku-buku bacaan, babakuna nu medar mistis Sunda.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler