Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

14 Februari 2023, 10:29 WIB
Mun keur di sisi walungan, babakuna di deukeut leuwina dipahing nyaruta sompral, suaban, lantaran dipercaya matak ngadatangkeun mamala.* /

GALURA -Ceuk dina kamus, sompral: caritaan gagabah, sangeunahna, ngandung gambaran kasombongan. Papandéanana: suaban, padu engab, padu ngomong teu merhatikeun kaayaan sakurilingeunana.

Nu ngomong sompral atawa suaban, kaasup jalma teu boga cedo, sabab ngedalkeun caritaan gagabah. Teu boga pikir rangkepan. Ngandung gambaran kasombongan. Ngarasa aing jago. Ngarasa sanggup ngungkulan balukar tina éta omong-omonganana.

Réa dongéng nu hirup di balaréa (folklor), ngeunaan perkara nu tumiba ka jalma sompral atawa suaban nu ngandung gambaran kasombongan. Di wewengkon Garut, utamana di nu dumuk deukeut Walungan Cimanuk.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Di antarana dongéng ngeunaan Ki Selud, tukang nguseup di walungan, nu gering dua bulan campleng, balukar sompral. Salila gering, mindeng ngoréjat. Sasar. Gogorowokan tulung-tulungan, siga aya nu rek ngarogahala.

Geus maju ka mending, ditanya ku pamajikanana, naon sababna nandangan panyakit sakitu parnana. Ti barang datang ka imah, dialanteurkeun ku urang tatangga lembur, terus ngalempréh teu usik malik.

“Baluas kami těh.... Apan rěk dicapluk lauk di Ci Manuk. Basa nguseup panungtungan těa,”Ki Selud nyarita aga-eugeu sanggeus dibéré nginum cihérang tina kendi, meunang ngajampé Bah Uhéd, béngkong nu sok ngubaran nu gering.

Napasna ngahegak, bangun kakara tas manggih kareuwasna. Padahal geringna teh geus dua bulan leuwih.

Baca Juga: Versi Asal Asal usul Nyi Roro Kidul Lianna: Julukan keur Mayang Sagara, Siwi Dewi Purnamasari

Pamajikanana ingeteun pisan. Harita, dua bulan ka tukang, maju ka isa, Ki Selud dianteurkeun ku urang lembur Cihaur. Dirěrěyang. Cenah, kapanggih ngajehjer di sisi jalan satapak nu mudun ka Ci Manuk.

Cenah, mun teu kapanggih ku barudak nu rěk indit ka garduh, rek ngaronda, mah, biheung kumaha.

Mangkaning di lebah dinya, keur guyur ku maung. Unggal peuting asup ka lembur. Ngerekeban ingon-ingon. Boa manggih nu ngabebengkang di jalan, diremus.

Ngan can aya nu manggihan maungna mah, tacan aya nu ngawenehankeun, kawantu ti wanci magrib oge geus ngarampih. Nu bagean ronda tacan kungsi ngadenge gerem-geremna acan.

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Geus ngaleguk cikopi jeung nyamualkeun bala-bala, galantang Ki Selud cacarita: “Harita kami nguseup di Ci Manuk, ngalelengkur ti isuk nepi ka burit, teu meunang hiji-hji acan.

Ari tengah poě, tas ngadahar bekel pamahanan maněh, heueuh kějo salě jeung beuleum oncom těa, bet rey rasa aral. Asa diteungteuinganan ku Cimanuk.

Apan biasana mah, nguseup těh tara lapur-lapur teuing. Osok wě meunang dua tilu siki mah, boh kěhkěl, boh balar. Kajeun sagegedě indung suku ogě.

Na ari ieu, mani taya nu ngadupak-dupak acan kana eupan těh. Padahal eupan petingan. Meunang meuli ti Si Acuy. Eupan gělěng campuran bobodas endog, kuěh mari, tarasi Cirebon.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Pajah těh clom giriwil. Matak pikabitaeun kancra. Matak harita, bari ngalelengkur nyekelan jeujeur, nu kabayangkeun kancra sagedě bitis......Bet bororaah......

Nya datang rasa aral. Kami kutuk gendeng. Nyarěkan Cimanuk. Walungan haramjadah. Mani geus taya laukan hiji-hiji acan. Běak ku nu ngendrin....
Nu nguseup mah teu kabagěan.....

Meneran sareupna harita teh.... Ngomog kitu, kami bari meubeut-meubeut useup kana cai. Miceun eupan........ Na ari burial těh cai leuwi ngaburial. Terus jiga ngagolak..... Terus aya nu mucunghul di běh tengah. Buntut lauk badag pisan, enya buntutna.

Kami teu bisa ngabayangkeun sakumaha badagna, sabab ngadadak kasima. Sabot kitu, hareupeun pisan, mucunghul hulu lauk. Teuing segedě lisung teuing sagedě kuluwung bedug kaum.

Hideung lestreng. Sungut cewaw. Huntu ranggětěng. Rěk ngaronjang ka kami.......Pitulung Alloh, kami ěling kěněh.

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Něnjo sungut lauk kitu, dua léngkah tina suku, gajleng kami kana dahan dadap cangkring tukangeun. Tuluy tuturubun kana babantar nu rada luhur. Teu nolih cucuk teu nolih naon.

Jrut kana taneuh, berengbeng lumpat ka tonggoh. Katěnjo kěněh, sungut lauk calangap handapeun pisan tangkal dadap cangkring nu cikěněh ditaěkan.

Lumpat sakalumpat-lampět. Blug labuh nepi ka les teu inget di bumi alam......... Inget-inget kami geus di imah, dina kaayaan teu walakaya.

Mun euweuh ronda nu manggihan kami mah boa kumaha nasib kami. Komo mun ngingetkeun di lebah dinya mah kabejakan sok aya maung terus asup ka lembur.”

“Nu matak ulah sompral ulah suaban di Cimanuk mah....bisi katulah rěk dicapluk lauk jurig...,” ceuk pamajikanana mangloh.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Cenah ti harita, Ki Selud ngedalkeun pacaduan. Moal ngulampreng deui ka Cimanuk. Tong boro nguseup, ngarit jukut keur domba kukutanana ogé, moal loslos ka lebah dinya.

Ngaritna teh sok kabon atawa ka leuweung. Cindekna ka tempat anu anggang ti walungan, ngadenge kecap Cimanuk oge geus kukurayan.

Lain teu butuh ku lauk Cimanuk nu gurih pelem atawa ku jukut nu ngabadeg di sisi sisina.

Ngan pangpangna mah sieun kalepasan deui ngomong sompral atawa suaban, nu geus karasa matak sangsara kana awak jeung ngawaluratkeun ka kulawargana. Hikmahna, Ki Selud tara deui ngomong sompral.

Dongéng kasompralan Ki Selud, teuing iraha jeung alam mana, didongéngkeun deui turun tumurun. Ti uyut, ka aki, ka bapa, terus ka barudakna.

Baca Juga: Versi Asal Asal usul Nyi Roro Kidul Lianna: Julukan keur Mayang Sagara, Siwi Dewi Purnamasari

Tug nepi ka nu nuliskeun deui ieu dongéngna. Di dituna mah ngélingan sangkan barudak ulah nyarita sompral. Ulah suaban sabab nimbulkeun balukar nu pohara.

Ki Selud oge apanan alatan ngomong somprak rék dicapluk lauk Cimanuk nu sakitu badag jeung ranggetengna. Tuluy nepi ka gering dua bulan campleng. Untung masih kénéh kasinugrahan cageur.

Inget kana komentar-komentar gegeden di urang waktu mimiti sasalad virus Corona mahabu di Wuhan Cina?

Indonesia satu-satu Negara yang tidak terkena Corona? Coba mana tunjukan Corona di Negara Indonesia? Negara kita tidak ada corona karena kita suka makan nasi kucing.

Lain ti eta, pamarentah urang ngahiap-hiap wisatawan mancanagara. Nyadiakeun subsidi sagala sangkan wisatawan mancanagara arulin ka nagara urang saloba-lobana.

Padahal nagara-nagara sejen mah geus mimiti ngawatesan wisatawan, babakuna ti nagara anu keuna ku sasalad virus Corona.*** H.Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler