Leubeut panglélér
Karancagèan Dian Hendrayana dina widang sastra kungsi diajén, di antarana: dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa & Sastra Sunda/LBSS (widang prosa, 1997), Hadiah Sastra Cerpen Dewan Kesenian Jakarta/DKJ (1999), Hadiah Sastra LBSS (puisi, 2000), Hadiah Sastra LBSS (puisi, 2024), Hadiah Sastra LBSS (esay, 2004), Hadiah Sastra Carpon Mini Mekar Parahiyangan (2005), Hadiah Sastra Naskah Drama – Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda/PPSS & Teeater Sunda Kiwari (2013), katut Hadiah Sastra Rancagè (2015).
Dian Hendrayana tèh urang Bojongsoang, Kabupaten Bandung, malahan nyangking pupuhu Dewan Kebudayaan Kabupaten Bandung. Ditanya kaayaan téater di Kabupaten Bandung tumali pagelaran jeung fasilitas nu aya, upamana Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) nu ayeuna disebut-sebut Gedong Budaya Soreang, inyana nepikeun kamandang. Cenah, can aya garapan kalawan optimal, masih kènèh ngandelkeun pagelaran-pagelaran ti komunitas sacara parsial.
"Teu acan aya garapan nu signifikan. Padahal tokoh téater di Kabupaten Bandung kaètang aya. Rupina peryogi aya diskusi di papada penggarap téater di Kabupaten Bandung anu tiasa diakomodasi ku pamarèntah,” pokna.*** Sopandi
Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng