Dian Hendrayana: Sastra, Tembang, jeung Téater

- 30 April 2023, 05:00 WIB
Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.*
Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.* /Joko Kurnain/ISBI/

GALURA - Sastrawan Dian Hendrayana geus heubeul sosobatan jeung Rosyid E Abby, penulis naskah/sutradara drama episodial “Kasidah Cinta nu ampir maneuh dipagelarkeun saban bulan Ramadan. Ku kituna teu anèh lamun Dian milu aub kana garapan drama Sunda religi Kasidah Cinta Al Kubra, nu dipagelarkeun di GK Rumentang Siang, 7-8 April 2023 ka tukang.

Iwal ti kitu, Dian ogè lain jalma sabrongbrong dina widang tèater. Najan, basa mimiti Rosyid E Abby ngagarap episodial “Kasidah Cinta”, Dian harita masih salaku wartawan (rédaktur) di Bandung TV. "Numawi dina garapan munggaran mah sim kuring ukur jadi réporter baè kanggo pidangan televisi,” ceuk Dian Hendrayana ka Galura, Jumaah, 14 April 2023.

Mimiti Dian Hendrayana ngagabung jeung drama “Kasidah Cinta” téh taun 2010, dina garapan Kasidah Cinta Sang Abid. Inyana ditawaran ku Rosyid E Abby, nu ogé Pamingpin Rédaksi SKM Galura, pikeun mantuan jadi narator dina éta garapan drama.

Satuluyna dina taun 2017 miluan deui jadi narator, dina garapan Kasidah Cinta Sang Singa Allah. "Nya, katilu kalina ngabantosan deui, taun 2023 ieu ku Kang Rosyid dipercanten kedah nyepeng peran jadi Imam Husain bin Ali.”

 Baca Juga: Kasidah Cinta Al Kubra, Gambaran Cinta Zainab ka Allah jeung Rasul-Na

Dian Hendrayana.*
Dian Hendrayana.*

                                                                                           

Kana tèater ti keur kuliah

Dian Hendrayana kapincut aub dina drama “Kasidah Cinta”-na Teater Senapati tèh sabab euyeub ku pesen. "Aya syiar Islam, garapanana saè, nyandak carios tarèh Islam, kanggo maparinan pangaweruh ka masarakat ngeunaan carios Islam sabudeureun sahabat-sahabat Nabi Muhammad Saw,” pokna.

Dian ancrub dina drama geus ti keur kuliah kènèh di Sastra Universitas Padjadjaran (Unpad) taun 1990. Ngagabung jeung Tepass (Teater Pamass) Unpad.

"Sareng TEPASS sim kuring kantos ngiring garapan drama Tonggèrèt Banen ogè Tukang Asahan karya Wahyu Wibisana. Kantos midang monolog Uing mah Neunggeul si Jago karya Budi Rahayu Tamsyah taun 1994, sareng taun 1997. Taun 1997 gabung sareng Studiklub Teater Bandung (STB) pingpinan Suyatna Anirun, tur ngiring garapan drama kolosal Julius Caesar karya W. Shakespeare. Ti harita mah lep baè tara maèn deui téater. Maèn-maèn deui tèh nya taun 2022, diajakan ku sutradara Rinrin Candraresmi dina garapan drama Sabot Moyan,” ceuk Dian Hendrayana.

Iwal ti jadi pamaèn dina drama karya sobatna, karya naskah drama Dian ogè remen minton. Basa keur jadi mahasiswa kènèh taun 1994 inyana kungsi nulis naskah Gending Karesmen Hyang Rumingkang, dipagelarkeun kolosal dina raraga Dies Natalis Unpad di Grha Sanusi Hardjadinata (Aula Unpad) Jl. Dipatiukur, Bandung.

 Baca Juga: Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda

Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.*
Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.*

Taun 2006, Dian nulis naskah opera Hurah, nu dipagelarkeun ku Jurusan Karawitan – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI), ti heula mah Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung, disutradaraan ku H. Yus Wiradireja.

Taun 2013, jadi pinunjul ka-3 nulis naskah drama nu judulna Gènjlong Karaton, tur kungsi dipagelarkeun ku komunitas téater di Garut taun 2016-an, sarta kungsi nulis sababaraha monolog nu dipagelarkeun dina raraga “Pasanggiri Monolog Basa Sunda” nu diayakeun ku Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass) Unpad.

Sajaba naskah drama, Dian Hendrayana ogè geus nulis sababaraha buku sastra, di antarana; Lalakon Bingbang (2001), Keur Kuring di Lembur (2008), Hujan Panganggeusan (2010), Sanès Impian Ringrang (2010), Keur Kuring di Lembur (2009), Jemplang Bulan Ilang (2012), Lagu Ngajadi (2014), Bèntang Hariring (2015), Serat keur Emay (2015), katut Dina Kawih Aya Tembang (2015).

Iwal ti èta dina wangun CD Musikalisasi Sajak PPSS taun 2008, "Sekar Anyar" (2009), "Tembang Atikan" (2015),  "Syair keur Syiar" (2014) katut "Tembang Babandungan" (2019).

 Baca Juga: Abah Awie, Resep Maca Sajak, Remen Kapeto Jadi Narator 

 

Perlu panitén drama

Ku ayana pagelaran drama nu maneuh saban taun saperti “Kasidah Cnta”, numutkeun Dian, bisa jadi mingkin ngawanohkeun téater ka masarakat kiwari, kumna ka entragan ngora. Pikeun numuwuhkeun kacinta generasi kiwari tur ngaronjatkeun daya pincut masarakat kana pagelaran drama, ceuk Dian, perlu kréativitas jeung inovasi ti para kréator téater. Boh kana wangun, boh kana eusi garapanana.

"Papadaning kitu, garapan téater klasikal sakumaha nu sok digarap ku Teater Sunda Kiwari peryogi dipiara. Sementawis garapan-garapan téater sakumaha nu sok digarap ku Laskar Panggung, STB, CCL, Longsér Agus Injuk sareng Hermana HMT, ogè téater gaya Gusjur Mahesa tiasa maparinan ciri kumaha kamekaran téater nu digarap dina mangsa kiwari. Kalebet, téater nu digarap ku Kang Rosyid E Abby," ceuk ieu dosen di Prodi Pendidikan Bahasa Sunda -  Fakutas Pendidikan Bahasa dan Sasra, Universitas Pendidikan Indonesia (FPBS UPI) Bandung nu ogè Rédaktur Majalah Mangle téh.

Kana kaayaan tèater ayeuna, Dian boga kamandang yèn perlu aya panitén atawa pengamat téater anu salawasna niténan kumaha kalungguhan téater jeung kamekaranana.

Numutkeun Dian, dina taun 90-an mah pengamat téater tèh sok katitén aya pedaranana dina rubik sastra budaya di sawatara surat kabar.

"Rupina, ku margi èta rubrik sastra dina surat kabar tèh ngaheureutan, nya ngalantarankeun kréativitas para pengamat tèater dina enggoning nembrakkeun panitènna janten kawatesanan. Cindekna, kedah aya rubrik atanapi rohangan nu tiasa ngawadahan kamandang ti para pengamat sareng pegiat téater,” ceuk Dian Hendrayana.

 Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Salasahiji adegan nalika Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.*
Salasahiji adegan nalika Dian Hendrayana merankeun Imam Husain bin Ali dina drama "Kasidah Cinta Al Kubra" garapan sutradara Rosyid E Abby.*

 

Leubeut panglélér

Karancagèan Dian Hendrayana dina widang sastra kungsi diajén, di antarana: dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa & Sastra Sunda/LBSS (widang prosa, 1997), Hadiah Sastra Cerpen Dewan Kesenian Jakarta/DKJ (1999), Hadiah Sastra LBSS (puisi, 2000), Hadiah Sastra LBSS (puisi, 2024), Hadiah Sastra LBSS (esay, 2004), Hadiah Sastra Carpon Mini Mekar  Parahiyangan (2005), Hadiah Sastra Naskah Drama – Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda/PPSS & Teeater Sunda Kiwari (2013), katut Hadiah Sastra Rancagè (2015).

Dian Hendrayana tèh urang Bojongsoang, Kabupaten Bandung, malahan nyangking pupuhu Dewan Kebudayaan Kabupaten Bandung. Ditanya kaayaan téater di Kabupaten Bandung tumali pagelaran jeung fasilitas nu aya, upamana Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) nu ayeuna disebut-sebut Gedong Budaya Soreang, inyana nepikeun kamandang. Cenah, can aya garapan kalawan optimal, masih kènèh ngandelkeun pagelaran-pagelaran ti komunitas sacara parsial.

"Teu acan aya garapan nu signifikan. Padahal tokoh téater di Kabupaten Bandung kaètang aya. Rupina peryogi aya diskusi di papada penggarap téater di Kabupaten Bandung anu tiasa diakomodasi ku pamarèntah,” pokna.*** Sopandi

Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah