Pagelaran Longser 4D, Daring, Durarang, Duraring, Dong, Sambada UPI Bandung, Hirup Mah Perjoangan!

- 11 Februari 2023, 15:00 WIB
Pagelaran longser 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) pidangan Sambada UPI Bandung, di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Kota Bandung, 7-9 Februari 2023/Dok. Sambada UPI Bandung
Pagelaran longser 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) pidangan Sambada UPI Bandung, di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Kota Bandung, 7-9 Februari 2023/Dok. Sambada UPI Bandung /

GALURA - Pinton longser dina lakon 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) digelar di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang, Kota Bandung.

Eta pinton longser teh dipidangkeun ku Sambada (Sanggar Mahasiswa Basa Sunda) Prodi Pendidikan Bahasa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung.

Longser lakon 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) digelar salila tilu poe (7-9 Februari 2023) kalawan dina sapoena teh aya tilu jirangan pintonan.

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

Naskah 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) nu dipidangkeun ku Sambada teh yasana Bobby Getih nu oge jadi sutradarana eta pagelaran longser.

Lakon longser jejerna ngeunaan udagan hirup nu mungguh minangka perjoangan.

Pajah hirup mah perjoangan, hirup mah persaengan, jeung cenah hirup mah kudu paheula-heula.
Ukur ngabaheuhay, daring, durarang, duraring jeung dong lir simbul kabingung ku ngaranna cita-cita kahirupan.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Indung bapana mamaksa anakna kudu boga cita-cita.

Aeh, geuning di disakola oge haben wae dipaksa sina ngagawean PR nyieun cita-cita.
Daring, durarang, duraring, dong, semet lagu baluweung nalika sasab di alam bebas.

Tetela, di alam bebas mah meh sagala cita-cita jeung kahayangna laksana kacumponan.
Ngan naha enya eta teh nu disebut cita-cita?

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Longser 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) ngasongkeun pangwaas batin, naha jalma kudu miboga cita-cita?

Tuluy, naha hirup ge kudu ngungudag cita-cita? Kumaha carana? Jeung deuih, naha salah mun eta cita-cita teh laju teu kahontal?

"Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten, blos ka kolong, Bapa Satar buleneng!"

Baca Juga: Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

Pajah sing saha wae jalma nu cicing kudu cangkeling, parigel sangkan bisa cingkleung siga manuk.

Tapi kudu inget, saanggeus cingkleung sakabeh jalma pasti cindeten cicing, blos ka kolong asup ka liang panungtungan anu antukna dibulen saeneng-enengna bari ditalek ku "Bapa Satar" duaan.

Pagelaran longser 4D (Daring, Durarang, Duraring, Dong) pidangan Sambada UPI Bandung teh boga maksud ngareuah-reuah Poe Basa Indung tanggal 21 Februari, utamana ditujukeun pikeun rumaja-pelajar.

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

Harepanana, malar pararumaja-pelajar mingkin bisa leuwih miwanoh tur loma kana Basa Sunda, sarta mampuh ngagelar karya kalawan make Basa Sunda. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah