Seni pantun dipintonkeun dina acara ngaruat lembur, ngaruat ngadegkeun imah, numbal tempat, ampih paré, nginebkeun, wuku taun, sérén taun, salametan 40 poé anu geus ngalahirkeun, ngawinkeun, jeung nyunatan.
Teu kawas kana pagelaran seni sejenna, pantun mah kudu bener-bener dibandunganana.
Saméméh ngagelar seni pantun, juru pantun nyiapkeun sasajén, kayaning parupuyan, pangradinan (alat-alat keur hias diri jeung dangdan), parawanten (kadaharan) jeung panyinglar bala (daun caringin, tiwu, jeung hanjuang).
Malah mah memeh prung oge juru pantun kudu mujasmedi heula, manteng ka Nu Maha Kawasa.
Parawanten nu kudu disiapkeun sarupaning kupat leupeut tangtang angin, cau raja bulu sasikat, endog, béas, duit kencring, bakakak, congcot, surutu, kopi pait, kopi amis, jeung rurujakan.
Raracik keur kaperluan ngaruat nu kudu disuguhkeun teh cobék hayam atah, cai ti tujuh muara atawa sungapan, haur konéng jeung hanjuang.***