‘Sayap Patah’, Pameran Lukisan Kepala Sespim Polri, Irjen Pol Chryshnanda, di Gedung Pusat Kebudayaan

6 September 2023, 10:04 WIB
“Sayap Patah”, pameran lukisan Kepala Sespim Polri, Irjen Pol Chryshnanda, di Gedung Pusat Kebudayaan, Naripan, Kota Bandung, 3 – 10 Séptémber 2023.* /Rosyid EA/Glr/

GALURA.CO.ID - Irjen Polisi Chryshnanda Dwilaksana ngagelar pameran lukisan tunggal di Gedung Pusat Kebudayaan, Naripan, Kota Bandung, 3 – 10 Séptémber 2023.

Jenderal polisi bintang dua anu kiwari nyepeng kalungguhan Kepala Sekolah Staf dan Pimpinan (Kasespim) Polri téh nyebutkeun, ieu pameran tunggal anu réana 347 lukisan téh, témana “Sayap Patah”.

“Sayap Patah téh minangka refleksi kana situasi sareng kondisi ayeuna, sarta umajak ka generasi penerus sangkan ngajaga persatuan tur kesatuan bangsa. Ku kituna, hirup sareng kahirupan tiasa ngadukung produktivitas,” ceuk Chryshnanda Dwilaksana, basa muka éta pameran, Minggu, 3 Séptémber 2023.  

Baca Juga: Taun 2023 Ayeuna Karya Budaya Asal Jawa Barat nu Ditetepkeun Jadi WBTb Indonesia Jumlahna 13

Chryshnanda Dwilaksana nyebutkeun, karya lukis anu dipamérkeun téh némbongkeun kontradiktif mun seug persatuan jeung kesatuan bangsa henteu dijaga.

“Sayap atawa jangjang téh harmoni. Upami ieu jangjang potong, sarta kontraproduktif, suasanana janten disharmoni. Ieu lukisan-lukisan anu dipamérkeun téh refleksi sangkan urang misadar tur inget pikeun ngajaga persatuan tur kesatuan bangsa. Naon baé suasanana, kumaha baé situasi kondisina, ulah kabaud pikeun ngancurkeun lantaran urang gaduh rasa cinta minangka anak bangsa,” pokna deui.

Lukisan-lukisan karya Kepala Sespim Polri Irjen Polisi Chryshnanda Dwilaksana anu dipamérkeun di Gedung Pusat Kebudayaan, Naripan, Kota Bandung, 3 – 10 Séptémber 2023.*.

Minangka polisi, Chryshnanda Dwilaksana ngarasa henteu gampil néang-néang waktu pikeun ngumbar karesepna dina ngalukis. Ngalukis téh, cenah, geus jadi karesep ti keur di SD kénéh. “Sim kuring resep ngalukis. Ku resep téa, ku micinta téa kana hobi, sim kuring tangtosna milari luang kanggo ngalukis.”

Baca Juga: Galura Cetak II September 2023 Ngaguar Ngeunaan Kaayaan Situs Fosil Purba di Tambaksari Kabupaten Ciamis

Ceuk kurator pameran “Sayap Patah”, Isa Perkasa, nalika Irjen Pol. Chryshnanda Dwilaksana ngasongkeun téma pameran, Isa langsung ngarasa cop, tur ngabagéakeun. Sabab, cenah, téma anu diangkat téh ninggang dina mapag taun politik kiwari.

“Éta jadi bagian penting margi téma pameran ngangkat isu persatuan tur kesatuan bangsa. Dipiharep, dina Pemilu 2024 engké, ulah sapertos pemilu taun sateuacanna. Hubungan antara babaturan atawa dulur jadi bengkah alatan béda pandangan politik. Ku kituna, tong dugi ka politik identitas dianggo deui,” ceuk Isa Perkasa.

Chryshnanda Dwilaksana (katuhu) jeung Isa Perkasa, kurator Gedung Pusat Kebudayaan.*

Isa boga kamandang, Chryshnanda téh produktif naker dina ngahasilkeun karya. Dina sela-sela kariweuhna minangka perwira tinggi polisi, inyana tetep ngamangpaatkeun waktuna nu heureut pikeun makarya.

Baca Juga: Rukun Gawe Pemprov jeung PWI Jabar, Sukses Ngayakeun UKW di 8 Daerah

“Anjeunna luar biasa produktifna, janten hiperproduktif. Dina sela-sela kasibukanana janten polisi sareng Kepala Sespim, mungguh janten inspirasi pikeun urang sadaya. Sim kuring waé, seniman, henteu saproduktif kitu," pokna.***

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler