Si Hérang-Méncrang

- 2 Oktober 2023, 07:12 WIB
Ilustrasi Carpon
Ilustrasi Carpon /Budi R/galura.co.id

Carpon: Budi Riyanto

ANGGER sok mani asa kaambeu waé seungitna lah, ari geus papaliwat jeung Néng Enit téh. Matuh deuih ari papaliwat téh di gang pipir bumi Pa Haji. Kuring rék ka buruan tukang nyokot sapédah, Néng Enit angkat kuliah.

"Mang Jék," cenah sorana mani halimpu dibarung imut nu matak giung. Puguh wé ditémbalan mah, "Néng." ceuk kuring. Ngan tikoro sok asa ngadak-ngadak garing, atuh sora téh sari-sari peura jeung les-lesan; teu matak kadangueun ku Si Méncrang. Manggut mah manggut bari awak rada mépéd kana bénténg, bisi majar ngahaja da peupeuteuyan sok kabadug ku tas gandongna. Angot mun pareng mawa karton digulungkeun mah, mani nyulagrang. Kawas nu ngahaja deuih sina ngabadug kuring, teuing naon maksudna. Sakali mangsa mah gagang rakét ténis nu disulagrangkeunana téh, mun teu gentak ngadéngdékkeun sirah mah moal teu ngagetruk kana palipisan. Teu punten teu naon enggeusna téh, ngan kalah ka, "Hihih ...." Cenah bari ngadilak. Mani asa katémbong waé.

"Si Kenéng, Si Hérang, Si Méncrang!" ceuk kuring di jero haté.

Tadi ogé papaliwat deui deukeut jandéla kamar hareup bumi Pa Haji di tungtung gang. Nu pagesruk téh jas hujan ponco biru nu disangkéh ku kuring jeung sisi tas gandong Si Lucu.

"Néng," tadi mah kuring nu miheulaan.

"Kah," walonna bari imut, dituturkeun ku peleber seungit parpum nu tingsalisib kana unggal pongpok jeroeun irung, matak kababawa ka pangaritan.

"Jék, paké motor wé heula poé ieu mah! Sapédahna rék ganti heula ban jeung séla," saur Pa Haji ka kuring di buruan tukang.

"Mangga," walon kuring bari ngarérét ka Mang Encu nu keur dokoh ngabongkar ban sapédah. Sélana mah geus molonyon, digolérkeun na bujur carangka nangkub deukeut kandang Si Jélat. Rentang-rentang kuring téh matuh domba-domba Pa Haji mah sok tinggurutak di kandangna séwang-séwangan, tuluy arumba-ambeu atawa carelenggeu dina pamoncoran pamakanan. Sawaréh aya nu ngabadugan palang kandang ku tandukna, tapi baralem wé ngajarejempé, teu haliwu patingbérélé. Tara pati disarada domba-domba adu Pa Haji mah. Disebut domba adu sotéh pédah basa dibeulianana wé keur osok diaradukeun, sanggeus dikukut ku Pa Haji mah tara ieuh diabenkeun.

"Resep ku karasép jeung garagahna, Pa Haji mah," pokna ogé basa aya nu nganaha-naha domba aduna tara pirajeunan sina makalangan. Bet hayang nanya, "Dupi ka abdi resep, Pa Haji? Pan abdi ogé gagah tur kasép." Henteu ari nepi ka pok mah. Padahal mun dikedalkeun ogé moal nanaon da jeung Pa Haji téh geus loma kuring mah. Pan geus lila ngadon jadi tukang ngarit parab domba-dombana, ti saprak kuring eureun digawé di pangumbahan mobil hidrolik. Betahna mah betah, pedah kasebut pagawé kasar ogé teu matak caludih awak. Bubuhan unggal usik nyonyoo cai jeung sampo mobil meureun. Ngan lantaran ganti dunungan, alatan rumah tanggana baruntak, dunungan lalaki salingkuh ka pagawé bank. Tuluy pangumbahanana dijual ka dulurna. Ngaran-ngaran ganti dunungan ku jalma anyar pinanggih, teu nyaraho adat katut kabiasaanana, jadi asa ngawagu. Kaluar wéh. Bubuhan kabeneran Mang Encu ngabéjaan  Pa Haji butuh anu daék mangalakeun parab keur domba-dombana. Daék wéh. Harita téh Néng Ineu kakara asup ka SMA. Puguh wé geus geulis tur manis, da puguh Bu Hajina ogé geulis; angot keur ngorana mah, tangtu geulis pisan. Pa Haji ogé béjana baréto téh ngalaman kapéngpéongan. Hadéna téh laksana kauntun tipung, mun henteu mah boa moal jadi haji da owah.

Tayohna ngarasa karunya ningali kuring manggulan karung jukut, nya diinpentarisan sapédah. "Ambéh gancang jeung teu ripuh teuing manggulan karung," saurna. Tapi Sakadang Sapédah inpentaris téh sok diteundeun wé di buruan tukang bumi Pa Haji nu ublug-ablag dikuriling ku bénténg. Dibawa balik mah rék di mana ngampihanana? Kawantu cicing téh apan di kamar kontrakan nu saré, barangasakan, katut narima sémah kabéh di dinya ti barang hayang misah ti Ema jeung Abah téh.

Geus méh saminggu ieu indit ngarit téh sok rada isuk kénéh. Bongan pangaritanana rada anggang turug-turug poéna pondok. Unggal liwat lohor téh reup reueuk, guludug-guludug, cur waé hujan, bubuhan usum geus manjing ngijih. Komo poé ieu mah leuwih jauh, boga angkeuhan meungpeung ngaritna dimotoran; ka pasawahan nu geus lila ngahaja sina bera. Jigana mah geus dibeuli ku jalma urang kota. Mun teu rék diadegan ril éstat pasti rék dibangunan pabrik.

Jalanna mapay sisi wahangan nu darmagana bisa ngaliwat délman. Papaliwat jeung anjing anakan ogé teu kudu mépéd sieun diségag, Si Rayudna noyod deuih teu kaganggu ku motor nu dodorotdotan. Boa leumpangna bari ngalamun, mikiran anak-anakna sieun teu kaparaban

Méméh balik, ngadon ngagulampéng heula ka cai nurunan gawir saeutik. Motor jeung jukut mah cul wé dina darmaga, jas hujan wéh dirungkupkeun kana setang. Tadina mah ngan rék kukumbah wungkul jeung sibeungeut, ari dirasa-rasa asa kabita hayang ngeueum, pédah nempo cai mani ngagenyas hérang jaba tempatna teu pati negrak, rada nyamuni ti jajalaneun paranti jalma-jalma lalar-liwat. Di peuntaseunana ngan tegal eurih ngagegeba, pamohalan aya jelema nu ngulampreng ka lebah dinya. Ucul-ucul baju kaos, calana jeung kolor, lung kana rungkun saliara. Ceuk nu rahul mah asa di sawarga, titiis ciwahangan nyaksrak kana sakujur awak, asa nyerep ka satulang sandi. Rura-ruru, kokosok, jeung teuteuleuman. Mun teu ras inget sieun balik kapegat hujan mah moal téréh-téréh hanjat. Geus biasa ongkoh ari mandi téh tara ngoyok.

Ari rék hanjat, baju, kolor, jeung calana téh geus euweuh dina tempat neundeunna. Jadol! Geuning keur digarugunyut kicik satilu-tilu di béh hilir. Disi si téh lain diculkeun, kalah ka dibarawa indit bari tingdarédod jeung tipaparagut kana jukut. Aya karep rék diberik, tapi inget awak bulucun teu dibaju. Leuheung basa mun teu jonghok jeung indungna, la-mun aya, aya bahan jadi kuring nu diuudagna. Pasti babari kaberik, sabab lumpat tangtu teu bisa keupat

Luak-lieuk maluruh ka sakuriling-bungking, bisi aya nu nyérangkeun, aman taya sasaha. Rada ngarasa reugreug téh inget boga kénéh jas hujan keur mungkus awak, najan kudu bajoang heula pikeun nyokotna. Kapaksa, bari ngarasa marérang jeung tingsérését kana awak gé, ngarayap oséh niru-niru bayawak. Ngadak-ngadak ka tempat cicing motor téh asa jadi ngaanggangan. Bakat ku dikeureuyeuh mah teu burung nepi kana panundaan jas hujan téh, bari salamet teu pasarandog jeung kadal-kadal acan. Rap jas hujan, dius baé mulang ka bumi Pa Haji. Ngeyeted wé ngajalankeun motor gé, gancang teuing mah bisi nyingkab. Ongkoh bari ngarep-ngarep hayang geura breg hujan.

Jeung enyana hujan téh cur, ngan basa kuring geus nepi ka lawang pakarangan bumi Pa Haji. Teu cara ari kana sapédah, karung jukut téh bisa asup nepi ka buruan tukang deukeut kandang; kana motor mah kapaksa kudu dipanggul ti luar kénéh, lantaran dimotoran mah bangga mungkal-méngkolna.

Sabot ngudar tali karung, hujan téh mingkin ngerepan, bari rada ati-ati bisi jas hujan nyingkab, buraluk karung jukut dipanggul, leungeun kénca ngajéwang arit jeung konci kontak. Tayohna harita téh Néng Enit ogé karék jrut tina angkot balik kuliah. Teu karérét kumaha-kumahana duméh ridu ku karung jukut, ngan hawar-hawar kadéngé jéréwétna ménta ditungguan kasaweur ku sora hujan. Teu kaburu ngahulag sumawonna ngaulah-ulah, ujug-ujug karasa aya nu nyulumun ti tukangeun milu ngiuhan kana jas hujan, ngageduk kana bujur. Gerewek muntang! Ngan harita kénéh ogé kontan aya nu ngocéak bangun kacida soakna, "Aaawww!" cenah.

Moal salah Si Hérang-méncrang téh papanggih jeung kicik kabulusan di jero jas hujan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x