Esai: Rosyid E Abby
DI lingkungan masarakat tradisional, utamana tradisional Sunda, konsep alam teu weléh diwengku ku tilu hal: hareup, tengah jeung tukang. Atawa: luhur, tengah, jeung handap. Kitu deui dina sual waktu: bihari (baheula), kiwari (ayeuna), jeung baringsupagi (jaga, waktu nu baris kasorang).
Konsep alam saperti kitu, di masarakat tradisional Sunda disebutna téh “Tritangtu” (tilu katangtuan). Nu matak, pola pikir masarakat tradisional Sunda teu weléh ngait jeung konsep nu tilu éta. Aya silih asah, silih asuh, jeung silih asih. Aya tékad, ucap, jeung lampah. Aya naluri, nurani, jeung nalar. Kabéh pada-pada ngait jeung konsep kahirupan.
Buku Tritangtu karangan Imam Mudrika, écés pisan ngagambarkeun konsep manusa Sunda nu katalikung ku tilu poko dina nyorang kahirupan: bihari, kiwari, jeung baringsupagi. Lebah dieu Imam Mudrika nyokot kasangtukang sajarah minangka dadasarna. Munasabah lamun dina bukuna éta “pabalatak” ngaran-ngaran Prabu Siliwangi, Prabu Surawisesa, Dyah Pitaloka, Ratu Subang Larang, Pajajaran, jeung sajabana. Éta ngaran-ngaran “Sunda heubeul” téh diungkab dina karya-karyana anu ditulis dina wangun puisi, sarta dikumpulkeun dina buku Tritangtu téa.
Baca Juga: Galura Cetak III September 2023, Ritual Nyuguh di Kampung Kuta Ciamis dina Kaayaan Tigerat ku Cai
Buku Tritangtu (pedalan Gentra Marcapada Production, citakan Tulus Pustaka, Juni 2015) téh diwengku ku 41 puisi karya Imam Mudrika, anu méméhna kungsi dimuatkeun ku pangarangna di sosial media Facebook, kalawan ngaran Pilarpakujajar Pakuanpajajaran.
Ku lantaran eusi jeung jejer (téma)-na lolobana ngeunaan ajén inajén spiritual tina budaya Sunda nu sumberna tina sajarah, Tritangtu-na Imam Mudrika tangtuna leuwih museur kana konsep atawa filosofi dasar kanagaraan Pajajaran (ku Imam mah ditulisna téh “Padjadjaran”). Lebah dieu Imam nyutat eusi Koropak 362: “... Djagat Daranan di Sang Rama, Djagat Kréta di Sang Resi, Djagat Palangka di Sang Prabu..." ("Semesta bimbingan tanggung jawab Sang Rama, semesta karaharjaan tanggung jawab Sang Resi, semesta tahta tanggung jawab Sang Radja...").
Ngeunaan ieu, ku Imam ditulis dina puisina nu dijudulan “Tritangtu” (k. 3), sarta sabagéan dicutat saperti kieu:
Padjadjaran Nagri Purba
Rumingkang Langsung Ti Sorga
Rahayat Yakin Kacida
Wajib Dimumulé Manah
Lemah Cai Kahyangan
Daging Getihna Pasundan
Para Resi Bagja Ati
Miwuruk Rahayat Nagri
Ngajarkeun Kitab Nu Suci
Purbatisti Purbajati
Kumpulan Wahyu Ti GUSTI
Nganteur Waluyana Nagri
Ageman Sunda Wiwitan
Janten Dasar Nafas Bangsa
Hirup Kumbuh Sauyunan
Saigel Sapahanéan
Sakenyotan Sakeupeulan
Tandaning Rahayu Nagri
Sarojong Sahuap Lingkup
Ngadangding Ngidungan Syukur
Mihatur Ka Sanghyang Luhur
Cahyaning Ti Kahyangan
Gumiwang Nyaangan Manah
Sakuliah Padjadjaran
Baca Juga: Pangguyangan, Liliwatan Siluman, Kebon Nini Atem, jeung Maung Kajajaden di Desa Selacai Ciamis
Nengetan jeung ngimeutan puisi-puisi Imam dina bukuna nu ieu, Imam teu lésot tina konsep waktu anu tilu téa: bihari, kiwari, baringsupagi. Paling henteu, aya udagan Imam anu nganco kana kabaheulaan pikeun diterapkeun ayeuna, sarta neundeun harepan pikeun kasundaan ka hareupna. Contona dina puisi “Muru Lulurung Tujuh Ngahiap ka Padjadjaran” (dina bagéan “Lulurung 2” (k. 113), aya kakangen pikeun mulangkeun Sunda kiwari ka Sunda bihari: “Urang Sunda Lir Titirah/ Kaleungitan Roh Nagara/Ditilar Nagri Ngahiyang/Huleng jentul Rumpu Rampa/Ngéja deui Sajarahna/Ti mana Rundayanana/Ka mana Néang Jujutan/Kapegung ngan Napak Tilas//Dimana Lembur Nu Matuh/Jang Nyarandékeun Hariwang/Banjar Karang Pamidangan/Nagara Ancik Ancikan...”
Tapi kituna téh aya harepan nu teu weléh ngancik dina diri, sangkan Sunda hibar deui kawas baheula: “Tangtos bakal Kasorang/Padjadjaran Nu Ayeuna/Digdaya Taneuh Pawenang/Ngajajar Sadaya Wangsa/Sakeupeulan Saengapan/Tingtrim Ati Bagja Manah...” (“Lulurung 2” k. 113-114)
Baca Juga: Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa
Harepan saperti kitu téh, kaunggel oge dina puisina, “Nalipak Diri Bebenah Manah” (k. 120):
“Minangka Kuring Téh Walungan
Rék néang Cai nu ngeyembeng
Supaya Nunggal deui ka Jati Walungan
Dina nyumponan ngoloyod kabungah Nu Tingtrim
Mulih ka Sagara ILLAHI
Minangka Kuring téh Hujan
Mo deui ngondang Guluduk sinareng gelebug angin Bajra
Supados simbeuhan Girimisna
Nyecepan Tiis ka Para Kakasih
Minangka Kuring téh Gunung
Moal ngabucatkeun Lahar
Méré nalangsa ka sakur kahirupan Alam Sakurilingna
Sanaos jang Kasuburan Taneuh
Kaula rék jadi Gunung nu miboga Kawah
Moal nyumputkeun Magma
Jadi Gunung nu dijerona Guha
Jang Menekung Nalipak Diri
Rék Tapa Brata
Sidakep Sinuku Tunggal
Namperkeun deui Doa
Bari Ngabebenah Manah”.
Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu
Cohagna, ngimeutan puisi-puisi Imam Mudrika dina Tritangtu, aya kasajatian hirup nu jadi udagan, pikeun ngudag kasunyatan, anu engkéna sumerep dina lelembutan, ngahiji jeung ilahiyah-Na.***
Catetan:
Dimuat dina SKM Galura No. 22, Taun Ka-27, Édisi Minggu IV Agustus 2015, nalika pangarang buku “Tritangtu”, Imam Mudrika, jumeneng kénéh. Kiwari, RM Imam Mudrika Sanusi tos teu aya, parantos dipundut ku Allah Swt, 18 Juli 2021. Alfatihah.