Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB
Ilustrasi carpon Potret Aki-Aki Tumpak Munding /karya Budi Riyanto/galura.co.id

 

 

Carpon Usep ROMLI HM

MATUH indit palolohor. Bérés man­cén tugas ngajar.  Ngapruk ka pi­lemburan. Néang­an bahan berita jeung tu­lisan. Ngamangpaatkeun kasempetan jadi wartawan freelance. Nyambi tina gawé sapopoé jadi PNS Guru SD.

Nyoréndang kaméra badag Asahi Pentax. Ku urang lembur nu kasaba, sok pada nyebut tu­kang potrĕt. Ah teu nanaon. Atuh lamun aya nu dihayang dipotrĕt, dilayanan. Tur dihargakeun sa­kumaha kabiasaan tukang potrĕt. Tapi nu utama mah, motrĕtan obyék-obyék keur ngalengkepan bahan tulisan, nu kaasup katĕgori foto jurnalistik.

Malah motret di nu hajat sunatan atawa pangantĕnan, ditedunan baé, aya nu pesen mah.

Lumayan, nambah-nambah jalan pangasilan, sakalian ngalogoran wawawuhan jeung silaturahmi.

Hiji waktu, sabot leumpang mapay tegalan, aya aki-aki keur ngangon munding ngageroan.

“Hĕy, Ujang tukang potrĕt, sabaraha regana dipotrĕt?”

“Saratus, Aki,” tĕmbal tĕh. Enya, harga potrĕt hideung bodas ukuran postcard harita  Rp100. Can prah potret warna nu pilemna langka kénéh. Dina ayana ogé mahal, 

“Saratus tĕh hiji? Aki sorangan?”Aki-aki nanya deui.

“Muhun. Ari kitu?”

“Tadina hayang jeung mun­ding. Aki dipotrĕt keur tumpak munding.”

Bet jorojoy hayang ngaba­nyolan. Ngaheureuyan babalagonjangan.

“Ari munding mah da badag. Tilu ratus, Aki !”

“Euleuh kutan mahal! Jadi mun Aki dipotrét tumpak mun­ding, opat ratus?”

“Tah kitu!” dienyakeun bari seuri.

“Ambuing, mahal kacida. Tapi keun baĕ opat ratus ogĕ. Da teu kudu dibayar ayeuna lin? Engkĕ ari potrĕtna geus anggeus, pan?”

“Muhun. Tenang wĕ.”

“Sok atuh. Kĕ Aki naék heula!” cĕklak Si Aki kana munding. Geus merenah, laju dikekĕr-kekĕr. Mo­kuskeun lénsa.

Sabot kitu, torojol incuna duaan. Tinggĕrĕwĕk.

“Miluan dipoto, Aki! Miluan!”

“His ulah!” Akina ngahulag tina tonggong munding. “Mahal siah! Mun tambah manĕh duaan kudu genep ratuseun!”

Barudak ngararegog.

Jeprĕt Si Aki dipotrĕt.

“Sok ujangeun duaan. Rĕk bari tumpak munding?” barudak dihiap.

Mimitina mah kalĕkĕd. Bakat ku dihayoh-hayoh, tungtungna daraĕkeun. Naraĕk kana mun­ding.  

“Aduh kumaha mayarna, hah, genep ratuseun?” Si Aki nyuplak dudukuy. Gĕgĕtrĕt.

“Keun wĕ keur barudak mah, hadiah. Teu kudu mayar!”

“Baruk? Enyaan?”

“Enyaan. Antosan dua tilu poĕ nya. Kĕ poto dikadieukeun.”

Barang dicitak, poto budak duaan tumpak munding tĕh, alus pisan. Boh pencahayaanana, boh posena. Candid, teu dirĕka. Komo sanggeus digedĕaan. Dicitak ukuran 18 x 24. Hebring rarasaan tĕh. Ngandung unsur human interest.

“Bakal dimuat mun dikirim­keun ka koran ibukota. Honorna badag,” haté bungangang ku harepan sugan enya.      

Poto Si Aki onaman, rada jagreug. Ma’lum bari nyeta. Pa­nonna lempeng neuteup kamĕra.

Basa mikeun poto Aki jeung  poto incuna, ukur ménta saratus. Henteu genep ratus. Si Aki colohok. Padahal manĕhna geus nyayagikeun duit genep ratus.

“Nu lima ratus mah, hadiah. Itung-itung pameungkeut kakulawargaan dumĕh abdi mindeng ngulampreng ka dieu.”

“Nuhun atuh, Ujang Tukang Potrĕt,” Si Aki mamandapan. “Ngan keukeuh Aki asa boga hutang. Ari embung duit mah, kumaha mun ku kacang galing. Kabeneran karĕk meunang ngala. Tuh keur digeugeusan ku Si Nini jeung barudak.”

Kop Si Aki nyokot kacang galing nu keur meujeuhna ngeunah diangeun , opat geugeus.

“Tah, lumayan. Wayahna candak,” Si Aki nambrukeun beung­keutan  kacang hareupeun.

Kapaksa atuh daĕk. Ngan mani ridu wĕ. Leumpang nyo­rĕndang kamĕra jeung ngajingjing kacang. Sajauh-jauh. Beurat deuih.

“Emh,  balukar ngaheureuyan Si Aki. Teu jaga-jaga teuing wawalesna.”

Mun tĕga mah nuluykeun heu­reuy, mending  duit lima ratus wĕ. Ngan piraku taya kaera.

Ngawadang bada magrib, li­wet haneut jeung  angeun kacang anyar dibarung beuleum peda tambah sambel cahaha disu­rawungan, ponyo pisan. Tilu kali nambah teu karasa. Beuteung enggah enggéh.

Ngelepus udud diselang teu­rab sababaraha kali, terus-terusan nganuhunkeun ka Si Aki. Menta hampura ongkoh geus ngaheureuyan ngahargakeun potrét sakadaék.

“Isa ieuh!” pamajikan ngagu­yahkeun. Teu karasa ngalenyap. Nyarandé kana tihang dapur. Cengkat kukuliatan.

Ti tajug peuntaseun imah, kadéngé sora imam geus maca takbirotul ihrom.***  (Dimuat  dina Galura cetak edisi I Maret 2020).   

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler