Prabu Nusia Mulya Dua Welas Taun Mertahankeun Pakuan Pajajaran

- 26 Desember 2023, 16:30 WIB
Batu Palangka Sriman Sriwacana, tempat ngistrenan raja-raja Pajajaran.
Batu Palangka Sriman Sriwacana, tempat ngistrenan raja-raja Pajajaran. /Nanang S/galura.co.id

Undang Darsa nyebutkeun Pajajaran sirna ing bhumi ing ekadaci cuklapaksa Wesakhamasa saharsa limangatus punjul siki ikang cakakala.

(Pajajaran sirna ti alam dunya tanggal 11 bagean caang bulan Wesaka taun 1501 Saka). Meneran tanggal 11 Rabiul`awal 987 Hijriah, nu dina bulan Masehi  tanggal 8 Mei 1579.

Pasukan Banten jeung Cirebon ceuk sakaol ngahuru karaton Pakuan Pajajaran tepi ka teu nyesa. Ari ceuk paraahli kabatin mah karaton Pakuan Pajajaran disumputkeun sacara gaib tepi ka ayeuna.

Kamampuan nyumputkeun hiji bangunan atawa tempat lain ukur carita, tapi jaman perang kamerdekaan oge ngabukti.

Waktu pasukan Siliwangi kudu hijrah ka Yogyakarta, di antarana ngaliwat ka Cisaga, Kabupaten Ciamis. Aya pasukan nu ditinggalkeun di Cisaga, henteu kabeh ka Yogyakarta.

Baca Juga: Karajaan Banten Sabada Pajajaran Burak, Karaton Surosowan Diancurkeun ku Daendels

Hiji mangsa Walanda ngaroris ka Cisaga, tapi Walanda henteu bisaeun nempo imah nu dipake markas tentara Siliwangi, katempoeunana teh pakebonan.                  

Undang Darsa nyebutkeun pasukan Banten jeung Cirebon henteu ngagomeng-gomeng barang-barang titinggal Pajajaran nu luhung ajenna nu jadi simbul karajaan.

Prasasti Batutulis jeung patung Ki Purwakali henteu diancurkeun. Kitu deui Watugilang Sriman Sriwacana, tempat ngistrenan raja-raja Pajajaran, malah dibawa ka Banten.

Ari Makuta Binokasih Sanghyang Pake mah memeh Pakuan Pajajaran direbut ku Banten oge geus dibawa ka Sumedanglarang sarta dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah