Akina Bah Ujul teh ngaranna Sukatmi Natadiharja nu dijulukan Aki Gandeng atawa Ayah Kapit. “Pun aki tilar taun 1995,” ceuk Abah Ujul. Keur aya keneh dikieuna, akina mindeng ngobrol soal patilasan nu aya di Cibangban.
Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang
Ceuk akina teh, kabeh patilasan di Cibangban geus aya ti taun 1370 Masehi. Aya patalina jeung Galuh nu puseur karajaanana di Kawali. Cibangban ka Kawali anggangna aya kana 16 kilometer.
Dumasar babon sejarah Galuh, tepi ka taun 1370 anu jadi raja di Kawali teh Prabu Bunisora, nu nyuluran alona lantaran waktu lanceukna, Prabu Linggabuana, tilar di Bubat Majapahit, alona masih keneh budak, can meujeuhna jadi raja.
Alona Prabu Bunisora teh Niskala Wastu Kancana, diistrenan jadi raja taun 1371 Masehi. Jeneng jadi raja tepi ka taun 1475 Masehi. Eyang Dalem Arya Kancana teh bisa jadi Niskala Wastu Kancana nu kungsi ngalanglang wewengkon Cibangban.
Eyang Dalem Kancana teh ngaran tokoh nu ngaruju ka Niskala Wastu Kancana. Teu beda jeung patilasan di Nusa Larang di Situ Lengkong Panjalu, di dinya aya makam atawa patilasan Hariang Kancana. Bisa jadi Hariang Kancana teh taya lian ti Prabu Niskala Wastu Kancana.
Dina naskah Carita Parahyangan (CP), disebutkeun Prabu Nisakala Wastu Kancana dipusarakeun atawa dikurebkeun di Nusa Larang, nusa hartina pulo.
Anu leuwih nguatkeunana, di Desa Ciomas, aya patilasan nu disebut Geger Omas. Prabu Bunisora mindeng nyepi dinya, tilar jeung dipusarakeun di Geger Omas.
Kumaha ngaran tokoh sejen nu bisa disebutkeun jaman beh dieu? Banten jeung Mataram kungsi parebut pangaruh di Priangan jeung di Cirebon.