Mama Kandang Sapi Ngadegkeun Pasantren Kandang Sapi di Cianjur, Karomahna Luhung

- 2 Agustus 2023, 10:20 WIB
Mama Kandang Sapi nu oge disebut Mama Opo (katuhu,  diimamah) mibanda karomah nu luhung, ngadegkeun Pasantren Kandang Sapi.
Mama Kandang Sapi nu oge disebut Mama Opo (katuhu, diimamah) mibanda karomah nu luhung, ngadegkeun Pasantren Kandang Sapi. /Cecep/

Ti Cikendal, Mama Opo nuluykeun masantren, di antarana, di Cilame, Cirangkong jeung Benda, Gadung. Ti dinya, neruskeun nyuprih elmu di pasantren Tegal Gubug, Bale Rante, Madiun jeung Bangkalan Madura. “Anu kantos sasarengan masantren di Bale Rante teh di antawisna Bung Karno. Ari masantrenna mah payun Bung Karno,” ceuk Aang.

Mangsa masantren, Mama Opo, kawilang santri nu temen wekel. Prihatin pisan. Basa keur masantren di Mama Kholil, Bangkalan, Madura, sarungna ukur hiji. Mun geus kotor diseuseuh dina kulah masjid.

“Nungguan sarung garing, ti isuk jedur tepi ka beurang, pun aki sok ngeueum dina kulah,” ceuk Aang.

Mama Opo oge salila jumenengna, yuswana tepi ka-93 taun, teu weleh ngalakonan puasa sunah, puasa Senen jeung Kemis, jeung puasa sunah sejenna, saperti puasa tujuh poe sabada lebaran.

Karomah

Angkatna ka Madura, ceuk Aang, akina teu dibekelan nanaon pisan ku nu jadi sepuhna. “Ihlas we, lumampah, basmallah, seja nyiar luang elmu agama,” pokna.

Ti bubudak, Mama Opo geus ngalakonan puasa sunnah nu tepi ka manjing umur dewasa, geus jadi ulama jumhur, tara leupas tina puasa sunnah.

Tina temen wekelna nyiar elmu dibarengan ku pribadina nu teu weleh ihlas sarta handap asor ka sasama, boh ka budak, ka rumaja, boh ka nu geus dewasa sumawonna ka nu saluhureun, Mama Opo kasinugrahan sawatara karomah nu hamo bisa kataekan ku jalma biasa mah.

Salila jumeneng, Mama Opo can pernah batal wudhu, iwal ti poe tasyrik batalna teh.

Sakaol carita, ceuk Aang, aya semah nu datang ka pasantrenna. Sanggeus nembrakeun pamaksudan, eta semah teh dibere cai anu dido’aan ukur bismillah.

Eta cai teh kudu diinum jeung sawareh dipake mandi. Eta semah ham-ham, pamikirna keur nanahaon rek uubar oge ari ngan saukur dibere cai nu didoaan ku bismillah wungkul

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah