Nu matak kitu, lantaran nu sarakolana rereana barudak ti kulawarga raja, kapala negeri atawa kapala suku ti luar Bandung.
Tapi aya oge nu nyebutkeun yen pangna disebut Sakola Raja teh lantaran ngadegna bareng jeung diistrenanna Willem III jadi Raja Walanda.
Eta sababna, pribumi ti kulawarga somah, cenah, raga rumegog asup ka Kweekschool voor Inlandsche Onderwijzern teh.
Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO
Kweekschool voor Inlandsche Onderwijzern, kiwari ngan ukur baranna.
Najan kitu ari urut sakolana mah aya keneh, nyaeta wangunan nu kungsi dipake Markas Polwiltabes Kota Bandung terus jadi Polrestabes Bandung ayeuna. ***