GALURA -Di salahsahiji tutugan Gunung Galunggung kapanggih prasasti nu nétélakeun di wilayah bieu ngadeg pamarentah kabataraan (abad VII-abad XII). Biasa disebut Kabataraan Galunggung nu bisa disebutkeun cikal bakal Kabupaten Tasikmalaya.
Batara, anu nyekel kalungguhan di Kabataraan Galunggung nu kiwari jadi Kabupaten Tasikmalaya mibanda wewenang ngabisheka (ngistrenan atawa nyatujuan) raja-raja di Karajaan Galuh.
Raja anyar di Karajaan Galuh geus sah jadi raja lamun disatujuan ku Batara di Kabataraan Galunggung nu puseurna di Desa Linggawangi Kabupaten Tasikmalaya.
Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna
Antara abad VII-abad XII nu jadi batara di Kataraan Galunggung teh Semplakwaja, Kuncung Putih, Kawindu, Wastuhayu, jeung Batari Hyang. Jaman Batari Hyang kalungguhan kabataraan robah jadi karajaan, Karajaan Galunggung.
Dina prasasti nu kapaggih di Pasir Hanjuang Desa Linggawangi, Kecamatan Leuwisari, Kabupaten Tasikmalaya, Karajaan Galunggung ngadeg tanggal 13 Bhadrapada 1033 Saka, mun dina taun Masehi mah tanggal 21 Agustus 1111.
Prasastina teh katelah ku sebutan Prasasti Geger Hanjuang. Ayeuna jadi koleksi Museum Nasional Jakarta. Anu di Pasir Hanjuang mah replikana.
Batari Hyang nulis naskah nu eusina ajaran, naskahna kakoncara ku ngaran Sanghyang Siksa Kandang Karesian. Tepi ka jaman Prabu Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M) ieu ajaran dipake.
Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung
Raja di Karajaan Galunggung tepi ka 6 raja masih katurunan Batari Hyang. Satuluyna kakawasaan Karajaan Galunggung dioperalih ku Kadaleman Sukakerta, puseur dayeuhna di Dayeuh Tengah (ayeuna kabawah ka Kecamatan Salopa).
Sukakerta bawahan Karajaan Pajajaran. Panguasa munggaran Sukarta: Sri Gading Anteg, sajaman jeung Sri Baduga Maharaja.
Anu ngaganti Sri Gading Anteg katelah ku sebutan Dalem Sukakerta sarta anu ngagantina ngaranna Dalem Sentawoan, nu diduga sajaman jeung Surawisesa (1521-1535 M), raja Pajajaran nu ngaganti Sri Baduga Maharaja.
Ku sabab sumebarna agama Islam beuki ngalegaan bisa jadi jaman Dalem Sentawoan, agama Islam geus mimiti asup ka wewengkon Sukakerta. Kadaleman Sukakerta saterusna teu kacatur deui, nu muncul saterusna Sukapura.***