Desa Subang Kuningan Kungsi Jadi Markas Komando Jawa

12 Februari 2023, 19:30 WIB
Monumen Perjuangan Rakyat Semesta, Markas Besar Komando (MBKD) Cop.4 X Jawa Barat di Desa Subang, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Wewengkon Désa Subang, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan, kacatet dina lambaran sajarah perjoangan dina mangsa revolusi kamerdekaan Republik Indonesia.

Monumen Markas Besar Komando Djawa (MKBD) nu ngadeg di éta désa, kiwari jadi ciri nu mandiri.

Eta nuduhkeun yén di ieu désa wewengkon pakidulan Kabupatén Kuningan, kungsi dijadikeun Markas Besar Komando Djawa.

 

Baca Juga: Leuwi Asba Walungan CI Jolang, Kungsi Dipake Liliwatan Pasukan Siliwangi

Kituna teh ku sabab Désa Subang minangka daérah basis perjoangan.

Saenyana aya opat MBKD nu diadegkeun boh di pulo Jawa boh luar pulo Jawa. Nyatana MBKDJawa Timur, MBKD Jawa Tengah, MBKD Jawa Barat jeung MBKD luar Jawa.

MBBD Jawa Timur, di Désa Sokoh, Kecamatan Kwadungan, Kabupatén Ngawi, MKBD Jawa Tengah di Désa Kepurun, Kecamatan Masirengga, Kabupatén Klatén.

 

Baca Juga: Lamping Buligir, Potensi Wisata Nu Tacan Kapalire

MKBD Jawa Barat di Désa Subang, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan jeung MKBD luar pulo jawa di Kabupatén Bukitinggi Sumatera Barat.

Éta opat MBKD téh dibentuk ku Panglima Tentara Teritorium Djawa (TTD), Kolonel A.H Nasution.

Markas komando nu diadegkeun di Desa Subang Kuningan, miboga kodeu nyaéta MKBD Cop.X4, dipingpin ku Letkol. Sukanda Bratamanggala.

Ngadegna MBKD Jawa Barat di Désa Subang téh pikeun ngadalikeun kagiatan-kagiatan perjoangan di Jawa Barat.

 

Salian ti éta ogé minangka komunikator antara Jawa Barat reujeung pingpinan puseur di Yogyakarta.

 

Kunaon pangna MKBD diadegkeun di Désa Subang? ta dumasar ayana kawijakan jeung tinimbangan yén wewengkon Désa Subang kaasup daérah nu stratégis pikeun ngatur stratégi perang.

Panetelaan kitu, ditembrakeun ku Letkol Sukanda Bratamsnggala  dina Buku Perjuangan  Rakyat Kuningan Masa Revolusi Kemerdekaan, Dewan Harian Cabang Angkatan ’45.***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Terkini

Terpopuler