Leuwi Asba Walungan CI Jolang, Kungsi Dipake Liliwatan Pasukan Siliwangi

- 11 Februari 2023, 20:30 WIB
Warga  numpak rakit basa meuntas  walungan CI Jolang , di tapel wates Kuningan-Ciamis. Rakit di walungan CI Jolang Kiwari tinggal panineungan.*
Warga numpak rakit basa meuntas walungan CI Jolang , di tapel wates Kuningan-Ciamis. Rakit di walungan CI Jolang Kiwari tinggal panineungan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Leuwi Asba katelahna teh leuwi Jaludin, ngan tisaprak aya warga nu ngaranna Asba tikelebuh nelah nepika kiwari Leuwi Asba.

Leuwi Asba kungsi jadi liliwatan tentara Siliwangi nu tas hijrah ti Jogya.

Desa Bangunjaya baheulana kaasup wilayah Desa Subang minangka markas tentara.

 

Baca Juga: Rakit di Walungan CI Jolang, Kiwari Tinggal Panineungan

Dina waktu harita nu eta anu markasna di Kecamatan Subang nyaeta pasukan ti batalyon U. Rukman nu dipingpin Wa Danyon Kapten Samiraharja .

Salian eta aya oge pasukan Tentara Pelajar (TRIP) Batalyon 400 pimpinan Salamun AT ti Cirebon.

Maranehna ngayakeun operasi di Kecamatan Subang nu markasna di imah Somawisastra di Desa Subang.

 

Baca Juga: Ngawanohkeun Deui Batik Kuningan, Ika : Batik Kuningan Masih Keneh Aya

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x