Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...

- 17 Januari 2023, 20:15 WIB
Guha Pawon.*/DOK PR
Guha Pawon.*/DOK PR /

GALURA - Rewuan lalay, ngabageakeun nalika Galura asup ka jero Guha Pawon anyar-anyar ieu.

Aya karempan, lalay nu hiber, muter kasorot cahya surem dina lalangit guha teh, ngudag lajunarajang.

Hadena ngan saukur karempan. Basa Galura ngawaskeun, lalay anteng puputeran dina tempatna, kira genep meter di luhureun sirah.

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

“Moal nanaon lalay mah, Kang. Teu acan kantos aya nu lebet kadieu ditarajang lalay,” cek Suhendar.

Suhendar teh tokoh pamuda di Desa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupaten Bandung Barat, bari seuri. Hendar, kawasna surti kana karempan Galura.

“Mung ketang, ari ati-ati mah kedah, utamina ku taina. Taina matak leueur ka jajalaneun,” cek Hendar nu ngahaja diajakan pikeun maturan kukurilingan di jero guha.

Baca Juga: Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

Da jeung enyana, ti barang asup ka jero guha laju naek ngaliwatan jalan nu heureut, nu ditincak karasa leueur, sajaba ti rada bau.

Teu salah, eta teh salahsahijina alatan tai lalay nu jumlahna rewuan tea.

Spot nu endah

Guha Pawon teh guha nu perenahna di Desa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat, kira 25 km ti Dayeuh Bandung ka tebeh kulon.

Baca Juga: Warga Kagareuwahkeun Mucunghulna Haseup Tina Jero Taneuh

Guhana, kawilang kasohor di Jawa Barat jeung Lemah Cai.

Alesanna, di antarana, sabab di Guha Pawon, kungsi katimu rorongkong manusa purba nu cenah karuhunna sélér Sunda. Bukti rorongkongna ogé, nepi ka kiwari aya kénéh.

Najan kitu, taya nuwani noel sumawonna ganggu –iwal arkeolog. Ongkoh da rorongkongna ge dikulibeng ku pager beusi.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

“Leres, rorongkong nu aya di Guha Pawon, ageung pisan ajenna kanggo elmu pangaweruh,” cek Lufti Yondri ti Balai Arkeologi Bandung ka Galura, dina hiji waktu.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah