GALURA - Kota Bandung teh kawilang euyeub ku wisata kuliner. Eta wisatana, boh nu anyar ngadeg boh nu geus lila nepi ka meunang jujuluk legend.
Lantaran di Bandung rea pisan tempat wisata kuliner nu ngeunah, ulah heran mun unggal waktu merul nu ngahaja ngadon ulin.
Nu datangna, lain wae ti wewengkon sabudeureun Bandung wae, tapi teu saeutik nu datang ti Bogor, Bekasi jeung Jakarta.
Anapon tempat wisata kulinerna, di antara ditataan di handap:
Perkedel Bondon
Perkedel Bondon teh hiji wisata kuliner di Bandung nu kawilang lila jeung meunang cap legend, perenahna di Jalan Kebonjati No 41, papahareup jeung Stasiun Kereta Api Bandung.
Nu ngaranna perkedel, di mamana oge dijieunna tina kumeli alias kentang tea.
Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga
Ngan alatan kumelina diolah kalawan daria jeung diadumaniskeun jeung daging, rasana beda jeung nu sejen.
Sakali nyomot pasti deudeuieun. Sangu ge bakal nambah deui nambah deui ari deungeunna jeung Perkedel Bondong mah.
Usaha ieu perkedel geus aya ti tahun 1982 keneh.
Batagor Hanjuang Astina
Batagor Hanjuang Astina teh saenyana mah teu beda ti batagor sejen nu aya di lemah cai atawa nu sumebar di Jawa Barat.
Ngan dina kanyataanana, basa tahu goreng Astina teh beda ti nu sejen di bab rasa jeung seungitna.
Rasana pikauruyeun jeung seungit. Lian ti eta baso tahu gorengna oge hipu kacida.
Ieu bataor aya di Jalan Astina No 5 Pamoyanan, Kac. Cicendo, Kota Bandung.
Bubur Ayam Bejo Kosambi
Ieu bubur oge kaasup legend di Kota Bandung. Dadasar di Jalan Baranangsiang Ahmad Yani hareupeun Pasar Kosambi Kota Bandung, ieu geus aya ti taun 1978 keneh.
Ieu bubur beda ti nu sejen sanajan katembong basajan.
Dina buburna aya suwir daging hayam jago, ati ampela, endog, bawang goreng jeung saledri anu mun digalokeun, rasana taya duana di dunya.
Nu ngokolakeun ieu bubur mimitina Pak Bejo dina taun 1978. Tapi ayeuna mah geus ganti, ku turuanana, minangka generasi kadua.
Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang
Ka nu teu acan ngaraosan, mangga jugjug wae tempatna. ***