Jadi intina robahna ngaran jadi Provinsi Sunda teh aya pakaitna jeung jatidiri sarta daya saing. Hal ieu mangrupa cara out the box anu tacan dilakukeun samemehna jeung kudu dipilampah. Ganti ngaran teh salasahiji solusi sangkan teu terus-terusan jadi provinsi pangmoyodokna di sagala widang. Sabada ganti ngaran, lajuninglakuna baris digarap ku Majelis Adat Istiadat Sunda.
“Gentos ngaran ge bakal otomatis ngangkat kaaripan lokal , sareng urang Sunda bakal boga kareueus deui ka dirina, bakal cacarita deui ku basa Sunda, gaduh tangtungan deui, bakal napak ajeg kana Catur Watak: Urang Sunda kukuh kana jangji, Urang Sunda leber wawanen, Urang Sunda Silih wawangi, medangkeun kamulyaan” ceuk Adjie.
Anu utama mah, ceuk Adjie di Jawa Barat kudu aya gubernur anyar jeung wawakil rayat (anggota DPRD) anu pro parobahan ngaran minangka cara out of the box, sabab ku cara eta bisa nangtukeun daya saing, eusina aya jatidiri.
Ulah nepi ka Jawa Barat moyodok terus, eleh maju, tinggaleun ku provinsi lianna, padahal urang Jawa Barat pararinter SDM na hade, loba kaum intelektualna, paguron luhurna ge onjoy ti batur, kelas jagat.*** Asep GP