Ritual di Kabupaten Ciamis Ngandung Simbul Ajaran Islam, Islam Gumulung dina Budaya Sunda

- 28 Juli 2023, 10:00 WIB
Seni terebangan. Agama Islam di Tatar Sunda geus mekar jauh samemeh ayana Wali Songo.
Seni terebangan. Agama Islam di Tatar Sunda geus mekar jauh samemeh ayana Wali Songo. /

GALURA -Ku naon ritual di Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, ampir kabéh ngandung simbul-simbul ajaran Islam? Ieu lantaran Islam di Tatar Sunda matri pisan dina kahirupan masarakat, kaasup dina ritualna.

Naon buktina Islam di Tatar Sunda pageuh pisan? Coba tengetan fakta ieu. Dina arsip pamarentah kolonial Jepang, jumlah pasantren di Pulo Jawa jeung Madura taun 1942 ngahontal 1871, jumlah santrina 139 415 urang.

Tina jumlah sakitu, lolobana mah aya di Jawa Barat, di Tatar Sunda, jumlah pasantrenna 1. 046 jeung santrina 69.954 urang. Hartina Islam di Tatar Sunda mesat pisan. Di Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung Jakarta mah kurang ti 400 pasantren.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

Baca Juga: Kuliner Cirebon Sega Jamblang Asalna ti Jamblang, Sidekah ti Pangusaha Mulim keur Tukang Bangunan

Baca Juga: Tatar Ukur jeung Dipati Ukur, Riwayat Priangan jaman Mataram

Taun 1978 Departemen Agama (Depag) RI nyatet jumlah pasantren di Pulo Jawa aya 3.745, santrina 675 364 urang. Taun 1978 oge lolobana mah pasantren teh di Jawa Barat, jumlahna 2.237 pasantren, kalayan santrina 305 747 urang, disusul ku Jawa Timur.

Sanggeus puluhan taun merdéka ogé angger jumlah pasantrén di Jawa Barat leuwih loba. Data taun 2006 jumlah pasantren di nagara urang moal kurang ti 5000 jumlah santrina leuwih ti sajuta satengah urang.

Pasantren jeung santrina lolobana mah di Jawa Barat, ngahontal 3000-an. Pasantréan di Jawa Barat, sumebar di pakotaan jeung di padésaan, malah di tempat anu nyingkur ogé mindeng ngadeg pasantrén sarta santrina loba.

Gedé ajénna

Lobana pasantren di Jawa Barat gede pisan pangaruhna dina tarekah ngaronjatkeun kualitas sumber daya manusia (SDM). Pasantren teh mampuh nyiptakeun kader-kader muslim calon-calon kiai jeung intelektual muslim. Pasantren teh beuki dieu beuki terus nambahan sarta bisa cumarita dina pajaman kiwari.

Kualitasna jeung manajemenna hade, pasantren dipercaya ku masarakat mampu ngatik barudak sangkan engkena jadi insan nu paripurna, masagi dina agama jeung elmu pangaweruh umum.

Wangunan pasantren permanen, alagreng jeung beraresih. Sarana keur diajar para santri lengkep. Aya komputer, peralatan audio, jeung sajabana, bari teu ngaganggu tradisi pangajaran pasantren.

Para ajengan nu mingpin pasantren, lian ti kandel ku elmu agamana oge teu saeutik nu ngabogaan gelar sarjana, master, professor doktor, ladang nyuprih elmu ti paguron luhur, boh nu aya di jero nagara boh ti mancanagara.

Koperasi, UKM, kasehatan, lingkungan hidup, diwanohkeun ka parasantri sarta langsung dipraktekkeun.

Pasantren di Jawa Barat oge mibanda rebuan kelompok pangajian atawa majlis talim anu saban waktu leubeut ku kagiatan kaagaamaan. Majlis talim anu dikokolakeun ku para ajengan, ulama, intelek muslim jeung ku organisasi kagamaan kacida hadena dina raraga mere elmu pangaweruh ka jamaahna.

Pasantren di nagara urang geus dikokolakeun make manajemen modern. Pasantren teh geus jadi lembaga atikan nu mampuh nyitak santri nu luhung elmu agama jeung pangaeruh umum.

Santrina sarehat, jagjag, pikiranana bengras jeung gumbira, ngarah sakur nu diajarkeun di pasantren gampang kaharti. Kadaharan kudu nu hade, kitu deui olah raga, tempat sarena pikagenaheun.

Mun aya santri nu gering, loba pasantren nyayagikeun tim medis bari teu kudu mayar. Mun aya santri nu bangor atawa diajarna ngedul pasantren kudu ngupahan atawa mun perelu konsultasi jeung kolotna.

Hasil diajar santri dilaporkeun ka kolotna sewang-sewangan ambeh kolot siswa nyahoeun kamekaran prestasi budakna.

Sunda jeung Islam

Tacan aya panalungtikan nu gemet ku naon jumlah pasantren di Jawa Barat leuwih loba batan di Jawa Tengah jeung di Jawa Timur, sahenteuna tepi ka taun 1978. Padahal parawali nu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa lolobana ti Jateng jeung Jatim.

Aya nu nyebutkeun ku lobana pasantren di Tatar Sunda nuduhkeun islamisasi di Tatar Sunda teh hade pisan.

Anu tacan kapaluruh deui teh ti iraha Tatar Sunda mikawanoh tempat keur diajar agama Islam nu ngaranna pasantren.

Ngan mun ngabandungan legenda jeung naskah-naskah kuno, Islam teh geus dipikawanoh ku urang Sunda saabad leuwih memeh mucunghul nu disebut Wali Sanga nu salila ieu dianggap nu nyebarkeun Islam di Pulo Jawa.

Ceuk naskah Carita Purwaka Caruban Nagari jeung ceuk dina legenda, taun 1416 Syeh Hasanuddin ngadegkeun pasantren di Karawang. Syeh Hasanuddin teh putra Syeh Yusuf Sidik, ulama ti Campa (ayeuna mah Vietnam).

Ka Pulo Jawana numpang ka armada Dinasti Ming nu ngayakeun muhibah nu dipingpin ku Laksamana Cheng Ho.

Harita nu wewengkon Karawang teh kaereh ka Karajaan Sunda Galuh nu ibukotana di Kawali Ciamis sarta nu jadi rajana Prabu Niskala Wastukancana.

Malah mah Prabu Niskala Wastukancana teh nyaksian badaratna armada Cheng Ho di basisir kale Pulo Jawa. Syeh Hasanuddin teu dihalangan pikeun nyebarkeun agama Islam.

Syeh Hasanuddin dina nyebarkeun agama Islam di antarana ngajarkeun maca al-Qur'an ku cara dilagukeun atawa quro. Nu matak Syeh Hasanuddin teh katelah Syeh Quro.

Pasantren Syeh Quro teh ceuk legenda mah di lebah Masjid Agung Karawang ayeuna. Makamna oge di Karawang. Ceuk sakaol deui, makam Syeh Quro di Gunung Sanggabuana Subang.

Haji Purwa

Masih ceuk dina naskah kuno jeung legenda, jauh samemeh datang Syeh Hasanuddin, jaman Karajaan Sunda dicekel ku Bunisora, paman Prabu Niskala Wastu Kancana, geus aya kulawadet karajaan Sunda nu ngagem agama Islam.

Ngaranna teh dipikawanoh ku sebutan Haji Purwa nu jadi sudagar sarta mindeng balayar ka mancanagara. Haji Purwa, ngaran aslina Bratalegawa teh seuweu Prabu Bunisora.

Harji Purwa diislamkeun ku sudagar Islam waktu keur dagang di India. Ti dinya ngalaksanakeun munggah haji. Taun 1337 Masehi (taun 1259 saka), mulang ka Kawali.

Kungsi nepungan Prabu Niskala Wastu Kancana nu harita tacan jeneng raja. Haji Purwa saterusna dumuk di Cirebon Girang nu kaereh ka karajaan Sunda.

Pangna disebut Haji Purwa, sabab dianggap urang Sunda munggaran nu ngagem agama Islam jeung urang Sunda munggaran nu munggah haji. Purwa hartina mimiti.

Ngeunaan Haji Purwa diungkab dina Geschiendenis der Soendalanden karangan J. Hagement nu dimuat dina TBG (Tijdscrift voo Indische Taal) nomer 16 taun 1867.

Mun tea mah ngeunaan Haji Purwa jeung Syeh Quro bener -tepi ka ayeuna fakta sajarah keur nguatkeunana tacan kapanggih- hartina memeh pangaruh Demak, Islam asup, urang Sunda geus ti heula mikawanoh Islam.

Malah bisa jadi Islam geus sumebar ngan ku nu nyebarkeunana henteu dimangpaatkeun keur nyekel kakawasaan.

Bisa jadi deuih henteu disebutkeun anu disebarkeunana teh agama Islam. Siagana memeh Demak jeung Mataram nanceubkeun pangaruhna, nu nyebarkeun Islam di Tatar Sunda teh leuwih mentingkeun eusi batan cangkang. Ajaran-ajaran Islam sina napel jeung gumulung dina urang Sunda tepi ka henteu bisa dipisahkeun.

Apan mindeng disebutkeun, upamana ku jenatna Prof. Ayatrohaedi, Islam jeung Sunda teh kudu diucapkeun sanapas; Islam teh Sunda jeung Sunda teh Islam. Pangna Islam jeung Sunda henteu bisa dipukahkeun, islamasasi di Tatar Sunda geus lumangsung lila, lain ti saprak parawali datang ka Tatar Sunda.

Tina kituna pasantren di Jawa Barat leuwih loba batan di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Ngeunaan di pasantren Tatar Sunda, babakuna taun 1960-an ka handap dina kitab-kitabna kapanggih basa Jawa lantaran memang Tatar Sunda teh keuna ku pangaruh Demak jeung kungsi dijajah ku Mataram. Tapi ayeuna mah pasantrén di Jawa Barat geus teu kaciri jawana.***

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah